Pakena Gawe Rayahu, Pakeun Heubeul Jaya di Buana, Hasil Revitalisasi Alun-Alun Ciamis

- 4 Oktober 2023, 20:54 WIB
Tempat wisata Alun Alun Ciamis sanggeus direvitalisasi jadi leuwih lega jeung dieuyeuban ku tulisan: Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Buana.
Tempat wisata Alun Alun Ciamis sanggeus direvitalisasi jadi leuwih lega jeung dieuyeuban ku tulisan: Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Buana. /Nanang S/galura.co.id

GALURA.CO.ID –Alun Alun Ciamis ti tanggal 19 September 2023 kamari leuwih ginding. Dilengkepan ku fasilitas keur ulin, babakuna keur barudak, jeung fasilitas olahraga, sarta mun peuting baranang ku lampu. Leuwihna ti eta, dina genep munara lampu di beulah wetan, aya tulisan Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Buana.

Tulisan Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Buana di Alun Alun Ciamis bisa katempo kalayan atra lamun ti peuting lantaran tulisanana dijieun tina lampu led. Ti beurang mah eta tulisan nu dicutat tina prasasti Kawali I teh henteu katempo jelas.

Memeh reformasi, Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Buana ditulis dina tugu  tapel wates desa jeung kacamatan. Beh dieu eta amanat nu kacida luhungna teh teu katempo deui dina tugu tapel wates desa. Nu matak ayeuna ngajeblag di Alun Alun Ciamis loba nu ngabageakeun.

“Hade tah, Alun Alun Ciamis ngandung kaarifan lokal, najan ukur dina tulisan. Sacara fisik alun-alunna mah tacan ngagambarkeun Tatar Galuh,” ceuk Maman Isak, perupa nu dumuk di Desa Buniseuri, Kecamatan Cipaku, Kabupaten Ciamis.

Baca Juga: Bulan Mulud, Gapura Utama Situ Lengkong Panjalu Kabupaten Ciamis Ditutup

Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Buana teh ngelingan sangkan urang salawasna nyieun kahadean nu lain ukur ka papada manusa tapi oge ka sakumna ciptaan Nu Maha Kawasa. Ku nyieun kahadean urang bakal lila jaya atawa unggul di dunya.

Pakena Gawe Rahayu, Pakeun Heubeul Jaya di Buana lain ukur keur parapamingpin, tapi oge keur sakumna manusa. Mun kabeh warga geus ngestokeun ieu amanat prasasti Kawali I, tangtu nagara bakal ngahontal subur makmur, sepi maling towong rampog.

Diwaragadan ku Provinsi Jawa Barat

Revitalisasi Alun Alun Ciamis, diwaragadan ku pamarentah Provinsi Jawa Barat, anggaranana Rp11,5 milyar sarta rengse 19 September 2023 kamari. Lilana ngarevitalisasi 180 hari kerja, ngan cenah mah migawena ngaret 10 poe, jadi 190 poe.

Alun Alun Ciamis ayeuna mah lega. Jalan nu ti kidul ka kaler, hareupeun lawang SMPN 1 Ciamis dijieun lahan alun-alun. Kiwari mah Alun Alun Ciamis tepi ka buruan Masjid Agung Ciamis.

Baca Juga: Kawah Putih Gunung Patuha Ciwidey Bandung, Karajaan Jin, Pabrik Walirang tepi ka Jadi Objek Wisata

Sanajan Alun Alun Ciamis nu sabada direvitalisasi teu ngestokeun deui konsep alun-alun di Pulo Jawa, tapi bisa ngubaran masarakat Ciamis nu sanggeus Pangandaran misah teu mibanda deui tempat healing.

Alun Alun Ciamis ayeuna dilengkepan tempat ulin barudak, tempat sosorodotan, ayun-ayunan, ungkeut-ungkeutan jeung sajabana. Pernahna di beulah kulon di dua tempat. Teu kudu mayar. Jukut di tempat pasilitas ulin barudak make jukut sintetis.

Lian ti fasilitas keur arulin barudak, di Alun Alun Ciamis disadiakeun sababaraha fasilitas keur olahraga, di antarana alat keur fitness, aya kana limana, jukutna jukut sintetis.

Anu dominan di Alun Alun Ciamis sanggeus direvitalisasi: lampu neon nu parapagpag, ditambah munara lampu nu aya tulisan Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Dibuana.

Ku sabab dihias ku lampu, Alun Alun Ciamis leuwih mincut ti peuting batan ti beurang. Nu matak ramena teh ti peuting, komo malem Ahad atawa maleman poe pere sejenna.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah