Bisa jadi deui ngaran cipaku dicokot tina kecap paku, nu hartina pamageuh. Upamana dina kecap Pakualam (gelar keur karajaan leutik di Yogyakarta nu biasana ngajabat wakil gubernur DIY) nu hartina pamageuh alam, Pakubuana (gelar keur raja Surakarta) nu hartina pamageuh dunya.
Di Tatar Sunda oge aya ngaran tempat nu make kecap paku: Pakuan, puseur Karajaan Sunda nu beh dieu ditambahan ku kecap Pajajaran, Pakuan Pajajaran. Paku dina kecap Pakuan hartina oge pamageuh.
Cipaku asalna tina kecap “ci” jeung “paku”. Ci hartina cai atawa walungan. Cipaku bisa dihartikeun cai atawa walungan nu jadi pamageuh. Pamageuh di dieu bisa mangrupa suburna lahan lantaran loba cai sarta ngahasilkeun produk tatanen jeung lauk.
Tina kecap paku, ci, jeung flora fauna Gunung Sawal, bisa dijabarkeun kumaha diri has Kecamatan Cipaku, boh sacara fisik boh non fisik. Sacara fisikna dina bangun bentuk, ari non fisikna palsapah.
Gempungan budaya bakal dieuyeuban ku pintonan seni kacapi suling, maca sajak, penca, gembyung, jeung sajabana. Dipungkas ku tawasulan.***