Eksekutif jeung Legislatif Kabupaten Bandung Sapuk APBD Perubahan Rp6,69 Triliun

- 12 September 2023, 12:00 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna (tengah) jeung Sekda Kabuopaten Bandung Cakra Amiana (kenca) , Ketua DPRD Kabupaten Bandung Sugianto (katuhu), satutas Sidang Paripurna nyaluyuan Rancangan APBD Perubahan   di Gedung Paripurna DPRD Kabupaten Bandung di Soreang, Senen , 11 September 2023.
Bupati Bandung Dadang Supriatna (tengah) jeung Sekda Kabuopaten Bandung Cakra Amiana (kenca) , Ketua DPRD Kabupaten Bandung Sugianto (katuhu), satutas Sidang Paripurna nyaluyuan Rancangan APBD Perubahan di Gedung Paripurna DPRD Kabupaten Bandung di Soreang, Senen , 11 September 2023. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Eksekutif jeung legislatif Kabupaten Bandung sapuk kana Rancangan APBD Perubahan taun 2023 tina Rp4,7 jadi Rp6,69 triliun.

Ieu kasapukan dihasilkeun tina Rapat Paripurna DPRD Kabupaten Bandung nu digelar di Gedung Paripurna DPRD Kabupaten Bandung di Soreang, Senèn, 11 September 2023.

Bupati Bandung Dadang Supriatna nyebutkeun disaluyuanana anggaran perubahan ku sabab PAD nambahan. Ayeuna pihakna kari nungguan evaluasi ti Pj Gubernur, Bey Machmudin.

Baca Juga: Senen Kamari, Bupati Bandung Ujug-Ujug Sidak ka Bapenda

Bupati Bandung miharep proses evaluasi kana Rancangan APBD Perubahan Kabupaten Bandung ku Penjabat Gupernur Jawa Barat teu lila. Anggaran APBD Perubahan bisa efektif dilaksanakeun bulan Oktober, November jeung Desember.

Dadang Supriatna panceg rèk ngarojong APBD Perubahan jang ngagancangjeun ngawujudna tilu program prioritas di ahir taun 2023: widang atikan, kasehatan jeung infrastruktur dasar utamana jalan, irigasi pertanian, jeung ngamekarkeun Sistem Penyedian Air Minum (SPAM).*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah