Bhabinkamtibmas Briptu Nia Sri Kusnindar: Masarakat Mitra Pulisi dina Ngajaga Kamtibmas

- 25 Agustus 2023, 19:47 WIB
Briptu Nia Sri Kusnindar, S.H, Bhabinkamtibmas Polsek Sukahaji Polres Majalengka silaturahmi jeung kepala Desa Jayi, Kecamatan Sukahaji, Kabupaten Majalengka, Jumaah (25/08/2023).
Briptu Nia Sri Kusnindar, S.H, Bhabinkamtibmas Polsek Sukahaji Polres Majalengka silaturahmi jeung kepala Desa Jayi, Kecamatan Sukahaji, Kabupaten Majalengka, Jumaah (25/08/2023). /galura.co.id/Ayank R Sambara

Briptu Nia Sri Kusnindar oge cumeluk ka kepala desa binaanna pikeun aub dina nyiptakeun situasi kamtibmas. Dina gawe bareng dipiharep Desa Jayi bisa jadi conto pikeun wilayah lianna dina ngajaga kaamanan tur katartiban masarakat.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si, ngaapresiasi kana tarekah nu dijalankeun ku Briptu Nia Sri Kusnindar dina ngaraketkeun kamitraan jeung masarakat katut kepala desa.

"Kamitraan nu kuat antawis pulisi sareng masarakat teh landasan utama dina nyiptakeun situasi kamtibmas. Simkuring miharep sumanget sapertos ieu teras dijagi sareng tiasa nebaar masarakat," ceuk AKBP Indra Novianto.

Kepala Desa Jayi, Wasta, nyebutkeun ayana gawe bareng antara pulisi jeung kepala desa katut masarakat, kacida hadena sabab bakal kacipta kaamanan tur katartiban di wilayana. Hal ieu ngabantu kapala desa dina ngajaga kamtibmas di desana.

"Hatur nuhun kangge pihak kapulisian nu tos ngalaksanakeun ngajaga kaamanan sareng katarbitaan di wilayah Desa Jayi," ceuk Wasta.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah