Galura Cetak IV Agustus 2023, Agustusan di Sukamantri Bebegig Kalaluar ti Unggal Madhab

- 22 Agustus 2023, 13:16 WIB
Galura Cetak IV Agustus 2023, ngaguar ngeunaan agustusan di Desa Sukamantri Kabupaten Ciamis bebegig lalaluar ti unggal madhab, ngaramekeun karnaval agustusan.
Galura Cetak IV Agustus 2023, ngaguar ngeunaan agustusan di Desa Sukamantri Kabupaten Ciamis bebegig lalaluar ti unggal madhab, ngaramekeun karnaval agustusan. /galura.co.id/Nanang S

GALURA.CO.ID –Agustusan di Desa Sukamantri, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis, teu weleh gumebyar. Malah kawasna agustusan di Desa Sukamantri pangramena sakabupaten Ciamis. Dina Galura cetak IV Agustus 2023 disebutkeun nu ngagumebyarkeunana teh bebegig.

Galura cetak IV Agustus 2023 nulis unggal agustusan di Desa Sukamantri Kabupaten Ciamis bebegig teu sirikna rabul ti unggal madhab, ti mimiti nu leutik nepi ka nu baradag. Marilu helaran jeung upacara bandera di lapang maenbal deukeut kantor kacamatan.

Anu ngaranna bebegig, tulis Galura cetak IV Agustus 2023, teh, has Desa Sukamantri alatan karancegaan seniman jeung budayawan Sukamantri, geus jadi kasenian helaran has Kabupaten Ciamis. Ari dina agustusan mah taya nu ngaorganisir, kalaluar pokalna urang Desa Sukamantri.

Baca Juga: Moal Bisa Ngelebetkeun deui Merah Putih

Dina Galura cetak IV Agustus 2023 ditulis bebegig geus aya ti jaman Karajaan Galuh nu puseur dayeuhna di Kawali Ciamis. Topeng nu dijieun tina kai nu bentukna pikasieuneun ditapel-tapelkeun dina tangkal kai, keur nyingsieunan musuh.

Satuluyna bebegig dipake keur ngajaga kaamanan wilayah Galuh tina panarajang Cirebon. Topeng bebegig henteu ngan ukur ditapelkeun dina tatangkalan, lain ukur keur nyingsieunan.

Bebegid Sukamantri Kabupaten Ciamis, milu ngaramekeun agustusan.
Bebegid Sukamantri Kabupaten Ciamis, milu ngaramekeun agustusan.

Di Desa Sukamantri Kabupaten Ciamis agustusan loba bebegig kalauar geus ti taun 1960-an sabada gorombolan pingpinan Kartosuwiryo bisa ditumpes. Basa keur mahabuna gorombolan mah urang Desa Sukamantri teu bisa lugina dina ngareuah-reuah agustusan.

Tulisan sejenna nu dimuat dina Galura cetak IV Agustus 2023: Dipenta tulung arwah korban tsunami Pangandaran nu kajadian Senen, 17 Juli 2006. Kulawarga korban unggal taun sok jaroh ka makam korban tsunami Pangandaran, ceuk arwah, jasadna dikubur di Batukaras.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah