Sanggeus Aya Staf TNGC Ngarasa Kaancam, Verifikasi Subjek Zona Tradisional Dieureunkeun Heula

- 10 April 2023, 20:47 WIB
Kepala Badan Taman Nasional Gunung Ciremai (BTNGC), Maman Surahman.*
Kepala Badan Taman Nasional Gunung Ciremai (BTNGC), Maman Surahman.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Balai Taman Nasional Gunung Ciremai (BTNGC), anu keur ngayakeun tahapan verifikasi subjek ngamangfaatkeun zona tradisional kiwari eureun heula, nepika waktu anu tacan bisa ditangtukeun.

 

Eta hal patali reujeung aya kajadian anu dilakukeun ku salah saurang warga basa verfiikasi subjek 29-30 Maret 2023, di Resor Perlindungan Cibeureum TNGC. 

Baca Juga: Aya Anu Nyadap Geutah Pines di Jalur Pendakian Gunung Ciremai, PPGC Ngarasa Kaganggu

Kepala BTNGC, Maman Surahman, nyebutkeun  tina eta  kajadian salah saurang stafna ngarasa kaancam, ku tindakan salah saurang warga anu nyieun tindakan di luar wates, vidiona sumebar dina media sosial.

 

Teu rek kitu kumaha, ceuk Maman, lantaran stafna dicarekan bebeakan ku salah saurang warga tea.

Baca Juga: Tacan Puguh Bule Hideungna, Maman : Geutah Pines di TNGC Ulah Waka Disadap

Teu semet saurang anu ngarasa kaancam, staf sejenna ge sarua teu tarima kana eta tindakan anu dilakonan ku eta warga.

Maranehna ngarasa rempan eta kajadian kalakonan deui. Patalii kitu, BTNGC eureun heula tina ngayayakeun verifikasi subjek. 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x