GALURA - Turnamen maenbal Piala Bupati Bandung Barat HK Cup, digelar digelar 11-19 Maret 2023.
Dipokalan ku Dinas Pemuda dan Olahraga Pemkab Bandung Barat, turnamen maenbal HK Cup 2023 teh lumangsung di Lapang Warung Domba jeung Abipraya, Kec.Cikalong Wetan.
Turnamen boga maksud ngawadahan potensi jeung minat masarakat kana maenbal, kalawan diiluan ku 29 tim wawakil ti 16 kacamatan di Kab. Bandung Barat.
Baca Juga: 100 Panyandang Disabilitas di Kabupaten Bandung Barat Nampa Bantuan
Kepala Bidang Olahraga Dinas Pemuda dan Olahraga Kab.Bandung Barat, Erwin Muliawan, mertelakeun, dina eta turnamen saeutikna unggal kecamatan 2 tim.
Turnamen HK Cup 2023 minangka ajang ngajaring bibit-bibit jangeun jadi pamaen bal hade kahareupna.