GALURA- Anggota DPRD Kabupaten Bandung Fraksi Golkar, H. Yanto Setianto, nyebutkeun ulah hariwang aula kantor pemerintah desa diinjeum keur tempat reses anggota dewan.
"Margi reses mah sanès politik atawa kampanye, tapi program pamarèntah kanggo anggota dewan ngawadahan aspirasi warga, " ceuk H. Yanto.
Yanto ngedalkeun kitu, satutas ngalaksanakeun reses anggota DPRD masa sidang II taun 2023, di Saung Silaturahmi Margahayu, Salasa (14/2/2023).
Inyana ngamalum, ku lantaran taun 2023-2024 ngarupakeun taun pulitik, jadi wajar sagala rupa hal sensitif.
"Kedah atoh upama aya anggota DPRD nambut aula kanggo reses, teras ngulem warga desa," ceuk Yanto
Kudu atoh teh ceuk Yanto, sabab Dina reses saniskara aspirasi pikeun pibahaneun panganggaran jeung kawijakan bupati bisa katepikeun.
Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Yanto Setianto basa reses di Saung Silaturrahmi Dalil 2 di Margahayu.*