GALURA- Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Bandung ngayakeu acara tasyakur binimah, dina raraga miéling Hari Pers Nasional (HPN) 2023.
Eta acara anu lumangsung di Sekretariat PWI Jalan Ciloa Soreang, Kemis (9/2/2023), temana, "Mewujudkan Wartawan Humanis dan Agamis".
Eta acara dieusi ku ceramah Atawa tausiyahTabligh. Anu ceramahna teh Ustad H. Andris Fajar ti Pondok Pesantren Darul Jannah, Bandung.
Baca Juga: Milu Ngareuah-Reuah HPN, Istri Pulisi Diajar Nyieun Video Jurnalistik
Ketua Panitia Pelaksana, Dadang Darmawan nétélakeun, acara tasyakur binimah minangka pamiuka Lawang tina runtuyan acara miéling HPN 2023 di PWI Kabupaten Bandung.
Sajaba ngayakeun tasyakur binimah, PWI Kabupaten Bandung ogé baris ngayakeun acara Dialog Piala Dunia U 21, Senam Bedas, jeung Kemah Jurnalistik.
Ketua PWI Kabupaten Bandung, Rahmat Sudarmaji nétélakeun, momentum HPN 2023 mangrupakeun pamungkas dina mangsa kapamingpinanna.
Baca Juga: Hari Pers Nasional, PWI Kuningan Ziarah di Makam Wartawan Entragan Taun 1970-an
Ceuk Rahmat Sudarmaji, teu karasa sataun kalarung Kabupaten Bandung jadi pribumi miéling HPN 2022 tingkat Nasional, ayeuna geus mieling HPN deui.
"Di Kabupaten Bandung ngahaja ngadopsi tilu besar agenda bupati, " ceuk Rahmat Sudarmaji.
Salah sahiji agenda kasebut, nyaéta Piala Dunia U 21, ceuk Rahmat, PWI bakal ngagelar dialog ngeunaan Piala Dunia U 21 sajauh mana ieu kagiatan bisa ngaronjatkeun UKM di daerah.
Kepala Dinas Komunikasi dan Informatika (Diskominfo) Kabupaten Bandung, Yudi Abdurohman, nu ngaluhan acara kasebut ngawilujengkeun HPN 2023 ka réngréngan PWI Kabupaten Bandung.
"Wilujeng mieling HPN, hatur nuhun kanggo awak media sadaya hususna PWI anu ngadugikeun informasi, kagiatsn, program-program Pemkab Bandung di media-na sewang-sewangan'. ***