Sidang Netepkeun Warisan Budaya Takbenda Indonesia 2023, Jawa Barat aya 13 Usulan Minangka WBTb Indonesia

3 September 2023, 08:48 WIB
Tim Ahli Warisan Budaya Takbenda (WBTb) Nasional, bareng jeung Tim Pengusul ti Jawa Barat, waktu Sidang Penetapan WBTb Indonesia 2023, di Jakarta, 28 Agustus-1 September 2023.* /Dok. Kemendikbudristek/

 

GALURA – Dina taun 2023, aya 777 usulan pikeun ditetepkeun minangka Warisan Budaya Takbenda (WBTb) Indonesia.

Éta 777 usulan pikeun ditetepkeun jadi WBTb Indonesia téh ti 32 provinsi, anapon Maluku jeung Papua mah henteu ngajukeun usulan.

Tah, sanggeusna seleksi administrasi ku Sekretariat WBTb, antarana niténan kalengkepan data nu ngarojong usulan, antukna aya 265 usulan nu saheulaanan diengkékeun, sarta 512 nu dituluykeun ka tahap sawala Tim Ahli WBTb Nasional dina Rapat Penilaian Usulan WBTb.

Baca Juga: Rhoma Irama jeung Cici Paramida Nungkulan Sidang Netepkeun Dangdut minangka Warisan Budaya Takbenda Indonesia

Laju, sabadana tilu kali Rapat Penilaian Usulan WBTb, ditetepkeun 215 usulan pikeun dipresentasikeun ku Pemda Pengusul dina sidang penetapan.

Dina Sidang Penetapan WBTb Indonesia, nu digelar 28 Agustus tepi ka 1 September 2023, di Jakarta, disawalakeun 215 usulan ti 31 provinsi. Provinsi Jambi mah usulanana diengkékeun heula alatan aya sababaraha data kalengkepan nu tacan cumpon.

Sidang Penetapan WBTb Indonesia Taun 2023 antukna ngahasilkeun 213 rekomendasi pikeun ditetepkeun minangka Warisan Budaya Takbenda Indonesia, kalawan aya dua usulan nu diengkékeun nyaéta ti Daerah Istimewa Yogyakarta jeung Aceh.

Baca Juga: Jadwal Yogaswara Sunandar Sunarya Giriharja 3 Putra Bulan September 2023

Baca Juga: Disparbud Jawa Barat bakal Mindahkeun Museum Situs Fosil Tambaksari Kabupaten Ciamis ka Urugkasang

Pangna maké istilah “direkomendasikeun pikeun ditetepkeun” téh alatan nu netepkeunana mah Menteri Pendidikan Kebudayaan Riset dan Teknologi dina wangun SK jeung sertifikat.

Usulan panglobana nu direkomendasikeun pikeun ditetepkeun minangka WBTb Indonesia téh nyaéta DIY (25), laju Maluku Utara (22), Sumbar (21), Bali (19), Jawa Tengah (16), Jawa Barat (13), Jawa Timur (12), sarta Aceh (11).

Anapon ti Jawa Barat, tina saméméhna 55, antukna aya 13 usulan nu direkomendasikeun sangkan ditetepkeun minangka WBTb Indonesia téh nyaéta Adzan Pitu Kota Cirebon, Ajeng Kasumedangan Kab. Sumedang, Arumba Jabar, Brai Kab. Cirebon, Bujanggaan Dermayu Kab. Indramayu, Krupuk Mlarat Kab/Kota Cirebon.

Baca Juga: dr. Richard Lee Kembali Pecahkan Rekor Jualan di Shopee Live, Omset 5.5 Milyar Tembus dalam 1.5 Jam

Tuluy Maenpo Cikalong Kab. Cianjur, Pengobatan Tradisional Raksa Jasad Kab. Sumedang, Ronggeng Amen Kab. Ciamis/Kab. Pangandaran, Sega Jamblang Kota/Kab. Cirebon, Silat Godot Kab. Karawang, Tari Buyung Kab. Kuningan, sarta Wajit Cililin Kab. Bandung Barat.

Dumasar database pencatatan Warisan Budaya Takbenda, ti Jawa Barat tepi kiwari téh aya 707 warisan budaya.

Sedengkeun nyutat ti warisanbudaya.kemdikbud.go.id, tepi awal taun 2023 aya 11.711 WBTb ti sakumna provinsi di Indonesia.

Tina éta jumlah, 1.941 warisan budaya nu geus ditetepkeun jeung meunang sertifikat Menteri Pendidikan, Kebudayaan, Riset dan Teknologi, minangka WBTb Indonesia.***

Baca Juga: PRFM Nyangking Penghargaan Anugerah Penyiaran KPID Jabar 2023 Kategori ILM Pemilu  

 

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler