Tasyakur Binimah, Pamuka Lawang Runtuyan Acara Ngareuah-reuah HPN PWI Kabupaten Bandung

9 Februari 2023, 20:30 WIB
Ketua PWI Kabupaten Bandung Rahmat Sudarmaji masrahkeun kueh ka Kepala Diskominfo Yudi Abdurahman.* /SOPANDI/Galura.pikiran-rakyat.com/

GALURA- Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Bandung ngayakeu acara  tasyakur binimah, dina raraga miéling Hari Pers Nasional (HPN) 2023.

Eta acara anu lumangsung di Sekretariat PWI Jalan Ciloa Soreang, Kemis (9/2/2023), temana, "Mewujudkan Wartawan Humanis dan Agamis".

Eta acara dieusi ku ceramah Atawa tausiyahTabligh. Anu ceramahna  teh Ustad H. Andris Fajar  ti Pondok Pesantren  Darul Jannah, Bandung. 

 

Baca Juga: Milu Ngareuah-Reuah HPN, Istri Pulisi Diajar Nyieun Video Jurnalistik

 

Ketua Panitia Pelaksana,  Dadang Darmawan nétélakeun, acara tasyakur binimah minangka  pamiuka Lawang tina runtuyan acara miéling HPN 2023 di PWI Kabupaten  Bandung. 

 

Sajaba ngayakeun tasyakur binimah, PWI Kabupaten Bandung ogé baris ngayakeun  acara Dialog Piala Dunia U 21, Senam Bedas, jeung Kemah Jurnalistik. 

 

Ketua PWI Kabupaten Bandung, Rahmat Sudarmaji  nétélakeun,  momentum HPN 2023  mangrupakeun  pamungkas dina mangsa kapamingpinanna.

Baca Juga: Hari Pers Nasional, PWI Kuningan Ziarah di Makam Wartawan Entragan Taun 1970-an


Ceuk Rahmat Sudarmaji, teu  karasa sataun  kalarung  Kabupaten Bandung jadi pribumi miéling HPN 2022 tingkat Nasional, ayeuna geus mieling HPN deui.

"Di Kabupaten Bandung ngahaja ngadopsi tilu besar agenda bupati, " ceuk Rahmat Sudarmaji. 

Salah sahiji agenda kasebut, nyaéta Piala Dunia U 21, ceuk Rahmat, PWI bakal ngagelar dialog ngeunaan Piala Dunia U 21 sajauh mana ieu kagiatan bisa ngaronjatkeun UKM di daerah. 

 

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

 

Kepala Dinas Komunikasi dan Informatika (Diskominfo) Kabupaten Bandung,  Yudi Abdurohman, nu ngaluhan acara kasebut ngawilujengkeun   HPN 2023 ka réngréngan PWI Kabupaten  Bandung.

"Wilujeng mieling HPN, hatur nuhun kanggo awak media sadaya hususna PWI anu  ngadugikeun informasi, kagiatsn,   program-program Pemkab Bandung di media-na sewang-sewangan'. ***

 

 

 

Ketua PWI Kabupaten Bandung Rahmat Sudarmaji masrahkeun kueh ka Kepala Diskominfo Yudi Abdurahman.*

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler