Kabayan Ngalanglang Jaman (13): Cape Haté, Capé Pipikiran

14 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

MAMIH Iteung olohok. Panonna seukeut neuteup Bu RT.

Rét ka Bu Gina jeung ka Bu Seroja.

"Enya, kitu?" ceuk Mamih Iteung ka Bu Gina jeung Bu Seroja, hayang ngayakinkeun.

"Leres, sakumaha kasauran Bu RT, nu namina tahajud mah pasti wengi," témbal Bu Gina.

"Enya, abdi ge terang, tahajud mah pasti baé wengi. Mung anu dimaksad téh, enya kitu tadi abdi nyebatkeun tahajud siang-wengi?" Mamih Iteung ngelés.   

"Tah, éta tandana Mamih Iteung téh masih kénéh seueur émutan. Teu misadar kana naon anu dicarioskeun ku Mamih Iteung nyalira. Atuh Mamih Iteung gé teu émut kana naon anu geus dicarioskeun ku Mamih Iteung ti payun, éta hartosna émutan Mamih Iteung téh masih kénéh baluweng," ceuk Bu RT.

"Enya, rék teu baluweng kumaha atuh?! Si Papih Kabayan téh kapan sasatna teu aya di kieuna, duka maot duka hirup kénéh…," Mamih Iteung humandeuar.

"Étah-étah Mamih Iteung, nyarios téh bet ka mana baé. Pamali, Mih, ulah mayunan kersana Gusti Nu Mahasuci, bilih kajantenan."

"Ah, abdi mah pasrah nampi takdir ti Nu Mahasuci. Mangga baé Si Papih rék dipundut ogé."

" Astaghfirullahaladzim…," Bu RT, Bu Seroja, jeung Bu Gina meh rampak.  

"Na ari Mamih Iteung, ongkoh Mamih Iteung téh teu petot-petot ngadu’a sangkan carogé tiasa mulih deui bari aya dina kasalametan. Ari ieu kalah nyarios kitu…," Bu RT ngagebés. 

"Muhun, kapan Mamih Iteung téh sasatna asa diheulang ku teu ayana Papih Kabayan téh, naha ari ieu bet…"

Omongan Bu Seroja teu kebat, kaburu ditémpas mantén ku Mamih Iteung.

"Atuda geus aral abdi mah. Ku teu ayana Si Papih, abdi jadi langlang-lingling kieu. Sieun, abdi mah…  Sieun kumaonam wé Si Papih téh. Sanaos kumaha baé, teu ayana Si Papih téh di rorompok asa jadi tiiseun. Teu aya batur paséa. Teu aya batur anu tiasa diajak ribut…"

"Tuh, da Mamih Iteung mah ka dinya baé émutanana téh. Pantesan atuh Papih Kabayan teu betaheun aya di bumi. Sugan téh, Mamih Iteung ngaraos leungiteun téh pédah ngaraos sono ka carogé. Ari pék geuning kalah leungiteun pédah teu aya batur paséa," omong Bu Gina.

"Muhun, sono ongkoh éta gé," ceuk Mamih Iteung semu ngagerendeng.

"Di sagédéngeun éta téh, aya kasieun di diri abdi. Sieun Papih Kabayan téh teu tiasa mulih deui wé ka rorompok, kalah nyasar ka tempat anu teu dipiharep. Mangkaning, mesin waktu anu dipidamel ku Si Papih téh, cenah mah teu acan sampurna, da teu acan dilengkepan ku alat pengendali taun jeung tempatna…"  

"Teu acan dilengkepan ku alat pengendali taun jeung tempatna? Maksadna kumaha?" Bu RT kerung.

"Ceuk Si Papih mah, ku lantaran teu acan dilengkepan ku alat pengendali taun jeung tempatna, nya pami dianggo téh si mesin waktu téa bakal nyasar ka mana karep..."

"Euleuh! Kumaha atuh mun kitu?" Bu RT papelong-pelong jeung Bu Seroja katut Bu Gina.

"Nya teu kukumaha. Ceuk abdi gé, nya nyasar wé… Tah, éta nu dipikahariwang ku abdi téh…"

Mamih Iteung nyaritana henteu nuluy, kaburu aya nu nyelek dina tikorona.

Hing baé Mamih Iteung ceurik.

Ceurikna éstu kanyenyerian pisan.

Mungguh kanyenyerian.

Tangka nu araya di dinya teu bisa kukumaha.

Ukur bisa mangkarunyakeun.

"Tos ah, Mamih, ulah kanyenyerian kitu. Anggursi geura du’akeun sangkan Papih Kabayan téh…"

"Henteu nepi ka nyasar, nya, maksudna? Sangkan bisa balik deui, Papih Kabayan téh? Kitu nya maksud Bu Gina téh? Geus, Bu, ulah seueur catur, da pasti ka dinya deui-ka dinya deui cariosan téh!" témpas Mamih Iteung rada nyorongot.

"Aéh, na ari Mamih Iteung… bet malik bendu, geuning!"

"Rék teu ambek kumaha tuda. Abdi nandangan tunggara téh lain méré solusi, tapi kalah ngahibur ku omongan anu bulak-balik dekok!"

"Astaghfirullahaladzim…," Bu Gina ukur ngusap dada.

"Éta gé maksadna mah saé, Bu Gina téh, Mih. Supaya Mamih Iteung henteu nguluwut teuing, henteu ngaraos kingkin pédah dikantun ku carogé," Bu RT ngéngklokan.

"Sarengna deui," Bu Seroja teu tinggaleun milu cacarita, "solusi nu pangsaé-saéna mah teu aya deui iwal ngadu’a, Mih."

"Cumah ngadu’a wungkul mah, da kudu dibarengan ku tarékah!" Mamih iteung teu weléh némpas-némpas baé. Kituna téh bari nyusutan cimata anu maseuhan pipina.

“Numawi, Mamih Iteung téh kedah gaduh tarékah supaya mesin waktu nu dikadali ku Papih Kabayan téh henteu dugi ka nyasar!"

"Tah, kitu da Bu Gina mah, mun nyarita téh bulak-balik deui ka dinya. Enya, tarékah nu kumaha atuh nu kudu disorang ku abdi téh? Béré solusina, ulah ngan saukur ngabamblam baé. Nyarita mah gampil, tarékah, tarékah! Tapi prak-prakanana kudu kumaha?!" Mamih Iteung tambah nasteung.  

Jep baé nu tiluan téh teu réa omong deui.

"Yeuh… Bu RT, Bu Gina, Bu Seroja… ku teu ayana Papih Kabayan téh, keur abdi mah pikapusingeun wungkul. Sanés wungkul jadi panyakit anu nyileungleum dina batin, tapi dina pikiran gé nya kitu. Capé haté jeung capé pipikiran…"

Omongan Mamih Iteung anu sakitu ngageurina téh, matak jempé saréréa.

"Na Ibu-ibu teu ngaraoskeun, jiwa abdi téh asa pasiksak, leuseuh balas mikiran nu jadi salaki. Can capé haté ku ngabandungan anu démo, anu protés ku ayana mesin waktu anu dipidamel ku salaki. Untung anu darémo téh aya lirénna, kawas ayeuna. Coba lamun teras-terasan démo, abdi teu bisa kukumaha, da puguh pangawak awéwé. Untung deuih abdi ditangtayungan ku hukum, seueur pengacara, da mun mun seug teu kitu mah meureun abdi téh bakal urusan jeung saréréa."

Heup deui Mamih Iteung jempé. Ngarénghap jero naker.

Sanggeus ngarénghap jero naker, ngabudalkeun sakur bangbaluh nu ngabeungbeuratan batinna, pok Mamih Iteung nyarita deui. 

 "Sakapeung mah abdi téh aral kacida, kudu nandangan hirup kawas kieu. Najan pakaya sakieu ngaleuyana, ari salaki teu aya mah teu karasa hirup walagri. Dahar jeung daging gé, asa teu mirasa. Enya tuda, biasa hirup duaan, aya paleuleuwih rejeki gé, teu weléh diasaan ku duaan. Hirup téh asa éndah keur aya salaki mah. Ayeuna dina teu ayana salaki, hirup asa cuang-cieung najan tatangga rabul ngupah-ngapéh ngalilipur abdi…"

Jep deui.

Nu tiluan masih kénéh teu nyoara.

"Asa nalangsana deui mah," Mamih Iteung nuluykeun omonganana, "éta ku mayunan wartawan. Tuda kasaksian pan ku Ibu-ibu, wartawan téh mani rabul ti mana-ti mendi. Anu matak pikapusingeun mah, naranyana bet ngulibek di dinya kénéh-di dinya kénéh. Naranyana téh ka dinya deui-ka dinya deui, bangun taya bosenna. Untung ayeuna wartawan téh geus teu opénan teuing ka abdi, abdi bisa reureuh bari jeung teu weléh nalangsa haté ogé. Naha hal éta teu kaémutan ku Ibu-ibu? Naha Ibu-ibu teu tiasa ngaraoskeun kanyeri kapeurih batin abdi? Mana solusina, mana? Kudu kumaha atuh abdi téh?"     

Bu RT, Bu Seroja, jeung Bu Gina éstu teu kecét-kecét, bangun nu teu warasaeun rék nyoara téh.

Tiluanana ngahunted bangun nu keur ngalenyepen omongan Mamih Iteung anu sakitu pinalangsaeunana.*** (Lajengkeuneun)

 

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler