Kabayan Ngalanglang Jaman (12): Teu Lipur tina Kasedih

13 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

ONGKOH deuih angin sakitu ngagelebugna, nebak kana awak Ki Amuksaketi jeung Amuksalaksa anu nya jangkung nya kuru, persis siga gantar.

"Beu, beu, beu… Ki Kabayan mah lain ngabéjaan, nyingkah sing jauh kituh!" omong Ki Amuksaketi ngajorowok, bari lumpat sakalumpat-lampét ngajauhan éta tempat.

"Heueuh, nyana-nyana bakal kapangpéngkeun awak mah, meureun geus ti tatadi kami duaan nyingkah ngajauhan," timpah Ki Amuksalaksa, bari tuluy nuturkeun Ki Amuksaketi nyingkah ti dinya.

Tapi cumah, omongan Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa téh teu ieuh dipaliré ku Profésor Kabayan, da mémang teu kadéngéeun.

Nu kadéngé téh ukur gumuruhna sora tina mesin waktu téa wé.

Ngaguruh leuwih-leuwih ti jelegurna gunung nu keur bitu.

Teu lila, les baé mesin waktu téh ngaleungit tina panénjo duanana.

 

**

 Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (11) : Sapu Nyéré Pegat Simpay

 

TILU

 

TATAR Sunda, taun 2020 Masehi.

Sabot Profésor Kabayan ngalanglang jaman, aktivis LSM jeung organisasi mahasiswa demonstrasi di mana-mana. Lain sakuliah Indonesia baé, tapi di sakuliah jagat. Alam dunya jadi riceuw. Eukeur mah Iran jeung Arab Saudi diprotés ku sababaraha nagara jeung badan internasional alatan ngembangkeun senjata nuklir nu bisa ngancurkeun, ayeuna Profésor Kabayan kalah der nyieun mesin waktu.

Naha bet diprotés?

Kapan mesin waktu mah lain nuklir nu bisa ngabahayakeun saréréa?

His, ceuk saha?

Da saenyana mah mun Profésor Kabayan wungkul nu boga mesin waktuna, rada teu nanaon.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (10): Cinta jeung Pangorbanan

Kitu gé mun hiji-hijina. Coba mun ku Kabayan tuluy diproduksi, bisa-bisa kabéh hayang miboga. Bisa-bisa kabéh padahayang nganjang ka jaman bihari atawa ka jaman baringsupagi, ka jaman pagéto.

"Lamun Profésor Kabayan diantep sabébasna nyieun mesin waktu, heug dijual-beulikeun, atuh dunya téh bakal ancur. Loba manusa jaman ayeuna nu hayang nganjang ka jaman Walanda, heug milu perang. Kumaha tah? Keun baé jaman baheula mah sina jadi catetan sajarah, tong teuing urang malikan sajarah," ceuk salasaurang demonstran.

"Ieu teu bisa ditolelir. Profésor Kabayan jeung mesin waktuna geus ngagoyahkeun peradaban dunya, anu salila ieu aya dina katengtreman jeung katingtriman. Anu kataji ku kageulisan Cleopatra di Mesir atawa Siti Zulaikha di jaman Nabi Yusuf, meureun engkéna hayang nyobaan asup ka jaman éta. Hayoh kéh asup ka ditu!" Ieu mah ceuk salasaurang aktivis LSM.

Béhna mah, anu protes téh lain baé aktivis LSM jeung organisasi mahasiswa, tapi ogé sakabéh kalangan jeung profesi. Ti kaom politik, budayawan, ekonom, dokter, cendekiawan, geus puguh ilmuwan mah.

"Teu, teu panuju! Éta mesin waktu bisa ngancurkeun kayakinan kana agama. Rék agama naon baé, sarua sual kayakinan poé isukan mah, ukur rusiah Anu Maha Wenang. Kapan nganjang ka pagéto téh mung rusiah Pangeran. Manusa teu diwenangkeun nyaho alam isukan. Murtad ngaranna!" ceuk inohong ti kalangan agama.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (9): Mantuan Sangkuriang, Néangan Dayang Sumbi

Anu ngundeur luang tina eta kajadian, nya tangtu para wartawan. Wartawan jadi boga warta nu ahéng. Mangpoé-poé, malah aya kana mingguna, warta ngaleungitna Profésor Kabayan jeung mesin waktuna téh teu weléh jadi warta nu didago-dago ku nu maca. Jadi warta atawa berita aktual tur faktual nu teu weléh jadi bahan catur balaréa. Jadi traffic trading keur berita-berita onlen.

Atuh dina media citak jeung onlen atawa daring, geus puguhing dina televisi mah, ramé ku warta atawa berita ngaleungitna Profésor Kabayan jeung mesin waktuna téa.

"Hilang bersama Mesin Eksperimennya."

"Misterius, Hilangnya Profesor Kabayan tanpa Jejak."

"Mungkinkah Profesor Kabayan Sedang Melanglang Zaman?"

Jeung sajabana. Jeung sajabana.

Profésor Kabayan jadi headline di mana-mana. Jadi berita utama, liputan utama, atawa  tulisan utama. Malah, warta sual demonstrasi nu teu panuju Profésor Kabayan nyiptakeun mesin waktu gé, milu kabawakeun "naék pamor". Lain baé sa-Tatar Sunda, tapi ogé sakuliah Indonesia.

Kétah, media-media internasional gé pipilueun ngékpos éta berita, da "nilai jual"-na bisa katebak.

 

**

 Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (8): Jaman Bandung Purba

KUMAHA kaayaan Mamih Iteung saditinggalkeunana ku Profésor Kabayan?

Keur Profésor kabayan aya kénéh "di kieuna" mah, mungguh matak harénghéng. Poé ka poéna téh teu weléh riceuw jeung riceuw baé. Papaséaan unggal poé, geus ngabaju di antara maranéhna. Ti heula geus dicaritakeun, Profésor Kabayan jeung Mamih Iteung téh éstu teu béda ti ucing jeung anjing. Kawasna mun sapoé teu papaséaan téh, asa teu manggih naon mah. Asa aya nu leungit.

Mémang enya, ku euweuhna Profésor Kabayan téh Mamih Iteung asa leungiteun. Mamih Iteung jadi euweuh batur keur diajak paséa. 

"Abdi mah weléh teu ngarti. Héran abdi mah, héran ku Mamih Iteung téh!" omong Bu RT dina hiji waktu, basa Mamih Iteung teu lipur-lipur tina kasedihna.

"Héran kumaha ari Bu RT?" ceuk Mamih Iteung, dina pamulu nu angger kénéh nguyang kasedih.

"Éta… aya ku ayana carogé, kalah hantem diajak paséa baé. Ari ayeuna carogé teu aya, kalah hayoh diceungceurikan."

"Na ari Bu RT, kawas nu teu uninga baé. Nu kitu téh namina benci tapi rindu!" témpas Bu Seroja, pamajikan sekretaris RT.  

"Muhun, benci tapi rindu. Sakalina pendak jeung carogé, bencinya setengah mati. Atuh dina teu pendakna kawas ayeuna, rindunya setengah mati!" Bu Gina, pamajikan bendahara RT, milu ngéngklokan. 

"Atuh mun duanana digabungkeun, jadi maot pisan atuh, nya?" omong Bu RT bari mésem.

"Muhun, mun duanana digabungkeun, nya benci nya rindu, maot téa kasebatna!" ceuk Bu Seroja.

"Éta ku teungteuingeun Bu Seroja mah. Abdi sakieu belegerna disebat maot?!" 

"Muhun, awak mah katingal beleger, raga mah katingal teu aya naon-naon. Mung éta…, jiwa karaos maot…"

"Mun enya jiwa abdi maot gé, meureun moal gaduh perasaan. Buktina, abdi masih kénéh nyidem perasaan sono ka Si Papih," omong Mamih Iteung bari jamedud baeud.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (7): Nyasar ka Jaman Sangkuriang

Mireungeuh kitu, Bu RT geuwat ngahuit Bu Seroja supaya ulah papanjangan cacarita.

"Tos wé ayeuna mah tong jadi émutan. Geura bangbrangkeun éta émutan anu keur marungkawut téh, ulah ngumbar lamunan anu teu puguh. Anggursi Mamih Iteung ulah petot-petot ngadu’a ka Pangéran, supaya carogé téh aya dina kasalamétan," Bu RT minangka nu pangdipikolotna, mapagahan Mamih Iteung.

"Wuah, geus aral abdi mah, Bu RT. Du’a mah teu weléh dipantengkeun ka Pangéran, tapi hasilna bet nihil baé. Kirang kumaha abdi tahajud siang-wengi, sangkan Si Papih mulih dina kaayaan salamet…"

Ngadéngé kitu, Bu RT, Bu Seroja, jeung Bu Gina ukur silirérét bari mésem.

"Ulah nyeungseurikeun, da mémang kitu kanyataanana."

"Muhun, mémang kitu kanyataanana. Tapi bieu Mamih Iteung nyebatkeun tahajud siang-wengi…, naha da nu namina tahajud mah kedah baé wengi, henteu kalebet siang…," ceuk Bu RT bari teu tinggaleun ti mésem.*** *** (Lajengkeuneun)

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler