Putri Anjungsari (7)

- 25 Januari 2023, 06:00 WIB
/

UING tadi nempo ka Aki Jaya balik ka Cikupa tumpak maung. Tuh, ti deukeut dapuran haur konéng,” ceuk Suba.

“Aki mah teu boga iinguan nu kararitu.”

“Tapi naha Aki bisa bulak-balik ka lembur gancang pisan. Ari jeung uing mah leumpang, méakkeun satengah poé leuwih.”

“Béda pamaké Aki jeung Aki Jaya mah....”

“Aki tumpak naon?”

“Teu tutumpakan...”

“Naha bisa gancang?”

“Can waktuna boga élmu nu kitu.Tacan kuat ngabadanana.”

“Iraha kuatna.”

“Jigana Aki Jaya mawa ilaing ogé sangkan ilaing bisa ngasah raga jeung ngasah batin.”

“Baruk?” ceuk Suba  bari nguniang terus neuteup akina.

“Baréto jaman Kawali masih kénéh puseur dayeuh karajaan, pirajaeun téh dipeuseuh di dieu. Dilatih kakuatan awak jeung kakuatan batin. Tempat latihanana béh ditueun tangkal caringin. Atuh unggal isuk turun ka lebak, mandi jeung ngala cai ka Cipatahunan. Burit ka lebak deui. Awak jadi kuat. Ilaing mah burit ogé arang mandi, wegah mudun ka Cipatahunan.”

Suba ngabéléhém. Rumasaeun sok mumul nanjak mudun.

“Sanggeus digembléng di dieu, saterusna dibawa ka Jampang. Pikeun leuwih diasakkeun deui. Di Jampang aya paguron nu kakoncara tempat meuseuh calon raja jeung calon senopati. Balik ti Jampang, angger sok ka dieu deui pikeun leuwih ngantebkeun.”

“Jampang téh di mana?”

“Kateuing. Aki can kungsi ka ditu. Aki Jaya nu kungsi matuh di ditu, milu jeung akina.”

“Atuh meureun élmu Aki Jaya leuwih jero? Bogaeun gagaman pusaka meureun.”

“Aki teu nyaho. Ngan urang Kawali, urang Galuh, mah tara ngandelkeun gagaman atawa pakarang.”

Suba mencrong akina.

“Urang Galuh, urang Kawali, kudu nyadiakeun tempat sangkan rupa-rupaning paélmuan ngahiji dina dirina, sina dalit, sina ngancik. Paélmuan ogé sina daratang sorangan, teu kudu diaji. Malah nerapna ka diri urang, lamun urang keur kapelesek, lamun urang keur butuh pisan,” ceuk Kai Kanta bari panonna neuteup ka wétan, ka lebah pasir nu manjang.

“Kudu kumaha sangkan bisa kitu?”

“Galih, haté, urang kudu beresih.”

“Sangkan beresih?”

“Panyakit haté kudu dileungitkeun.”

“Cara ngaleungitkeunana?”

“Sadar, urang, manusa, teu sakeprul-keprul acan di jagat nu legana teu kaukur ku manusa.  Komo mun dibandingkeun jeung Sanghyang Tunggal mah....“

Suba ngahuleng.

“Haté geus beresih mah taya nu dipikasieun... Ilaing mah ku maung waé sieun kénéh. Maung téh ukur sato nu kabeneran kahakanana daging.”

Suba garo-garo teu ateul. Golédag saré deui. Aki Kanta turun tina saung. Endongna digantungkeun dina tihang awi nu aya kénéh régangan ngan teu panjang. Suba saenyana hayangeun nyaho eusi éndong akina, ngan teu wanieun muka éta éndong. Suba uleng nginget-nginget kana paripolah akina salila babarengan jeung dirina.

Sakanyahona akina tara ambek, tara nyarékan, tara ngomong sugal, paromanana teu weléh marahmay, sigana téh tara ngingu karudet. Ka ninina ogé mun keur néngtéréwéng  tara ngalawan, kalah ka ngaléos indit, ka kebon néangan pisuluhan, néangan beubeutian. Tara kadéngé paséa jeung ninina. Kitu deui jeung tatanggana, akina mah mindeng ngéléhan. 

Kungsi Suba nempo akina nulungan beurit nu ti kecemplung kana gentong. Cai dina gentong dibahékeun, beurit nu geus engap-engapan téh sakedapan mah cicing dina taneuh, teu lila torolong lumpat. Beurit téh apan mindeng ngahakanan beubeutian sasadian, bilik ogé sok dikorowotan. Naha ku akina mah henteu dipaéhan, kalah ka ditulungan?

Ieu kitu palakiahna sangkan kaancikan élmu bari teu kudu diaji?  Beurat pisan mun kudu kitu mah. Beurat. Suba ngarasa moal kataekan ku dirina. Teu karasa Suba reup saré, mani tibra pisan, kérék nyégrék. Seubeuh teuing dahar jeung loba teuing dahar beuleum lauk tayohna, ongkoh deuih peutingna kurang saré. Hudang-hudang kagudagkeun ku sora anu patinggedebug siga nu keur bitotama.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah