Putri Anjungsari (2)

- 20 Januari 2023, 06:00 WIB
/

SUBA ngarénjag. Ceuk pangrasana mah basa anjog ka situ Cipatahunan ukur manéhna sorangan nu rék mandi téh jeung teu karasa aya nu nuturkeun atawa nyampeurkeun.

Culang-cileung ka kénca ka katuhu, terus malik ka tukang, taya sasaha. Suba ngahuleng sajongjonan.

Pangangguran ngarérét ka sisi wétan Cipatahunan, katempo saurang aki-aki nguruyung tina dapuran awi. Disidik-sidik éta aki-aki téh nu tadi peuting nyémah.

Aki-aki téh gugupay. Gura-giru Suba hanjat ka darat. Leumpang gagancangan nyampeurkeun aki-aki bieu nu geus nagog di sisi situ.

Barang tepi katempo lauk kancra sagedé-gedé dampal leungeun ngagolér dina jukut, gegerepekan kénéh.

Diitung aya salapan, ditambah ku sababaraha lauk beureum mata nu keur meumeujeuhna beuleumeun.

“Bantuan Aki ngabedélan lauk,” ceuk éta aki-aki bari nyodorkeun hinis ukuran sajeungkal nu tungtungna méncos. Hinis meunang ngala tina awi nu ngagolér handapeun rungkun awi.

Sanggeus nampanan hinis, Suba andemprak diuk. Méméh dibedél, laukna diilikan heula, henteu ari tepi ka ditelek-telek mah.

“Na kumaha ngala laukna si Aki téh,” gerentesna, “Meunang ngobéng da teu kaciri tas babaseuhan.”

“Entong bari ngalamun, Jalu, bisi hinis kana ramo, raheut, kéh,” ceuk aki-aki.

Suba ngabéléhém.

“Lauk téh meunang ngala Aki?” ceuk Suba panasaraneun.

“Nya, heueuh. Kumaha kitu?”

“Laukna taya tapak sumpit atawa panah.”

“Lila maké sumpit atawa panah mah, jeung kudu ngadagoan laukna neangan kahakanan...,” ceuk si Aki bari seuri.

Suba mencrong si aki.

”Hayang nyaho? Tanyakeun waé ka aki hidep. Pira ngala lauk.”

Suba teu tatanya deui. Hiji-hiji lauk téh dibedélan, aki-aki ogé milu mantuan, ngan henteu sabaraha gancang, teu kawas Suba. Peujit laukna dialung-alungkeun ka béh tengah situ. Tembong pada nyantokan.

Lauk nu meunang ngabedél téh dikumbah dina cai sisi situ tepi ka beresih. Geus kitu ditiir maké jukut eurih, jadi opat tiiran. Suba nyampeurkeun deui aki-aki.

“Mandi kadituh. Kumbah leungeun ku calingcing, hanyir. Lauk dibawa ku Aki,” ceuk Aki-aki

“Deuk dibawa ka mana laukna, Ki?” ceuk Suba bari nyodorkeun tiiran lauk.

“Beuleumeun. Keur mumuluk,” témbal aki-aki.

Sanggeus mikeun lauk, Suba balik deui ka pancuran. Saacan mandi, ngala heula buah calingcing nu tangkalna deukeut cinyusu.

Bau hanyir lauk dina leungeunna dua kali dikumbah oge maké buah calingcing mah leungit.

Suba mandi dikasay ku daun jambu batu meunang ngabebek luhureun batu, huntuna dikosok ku daun eurih nu meunang muntal-mintel.

Bérés mandi jeung maké deui bajuna, katempo aki-aki tadi keur ngalénghoy leumpang muru ke lebah pancuran. Ku Suba disampeurkeun deui.

“Dibantuan ku uing, Ki, mawa laukna,” ceuk Suba.

“Keun waé ku Aki. Jung ti heula. Hurungkeun seuneu mun geus tepi ka tonggoh,” témbal aki-aki.

Suba nurut. Bari rada rusuh, leumpang mapay jalan satapak nu beuki lila beuki nanjak, malah kudu muntang sagala kana tatangkalan.

Sakapeung mah mindeng rék tikoséwad, cai reumis loba nu narapel kénéh dina jukut tepi ka jalan satapak téh leueur.

Di satengahing jalan amprok jeung akina nu kawasna rék mandi di pancuran Cipatahunan.

“Ki, aki-aki sémah saha ngaranna,” ceuk Suba basa papaliwat.

“Aki Jaya, umurna saluhureun aki,” témbal akina.

“Asalna ti mana?”

“Ti Cikupa,” témbal akina bari terus noyod mudun.

Suba teu barang tanya deui. Ngahanca deui séngkédan nu netek pisan, tuurna oge méméh ngaléngkah téh tepi ka adek kana séngkédan.

Barang tepi ka ponclot, Suba kagéteun pisan. Aki Jaya kasampak keur ngahurungkeun durukan: niupan ruhak nu can pareum urut ngadurukan tadi peuting.

Laukna digolérkeun dina daun cau, malah mah geus diawuran ku uyah koral.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah