Putri Anjungsari (6)

24 Januari 2023, 06:00 WIB
/

NYELANG heula balik ka imah, Ka, hayang mekelan,” ceuk Kai Kanta bari nyokot bubuy sampeu nu rada leutik.

Suba colohok bari neuteup akina. Ceuk pangrasana imah akina jauh ti talaga Cipatahunan. Inyana ogé leumpang téh méakkeun waktu ampir satengah poé.  Indit isuk-isuk  wanci kieu mah karék saparo lalampahan. Ari akina geus balik deui.

Lumpat? Satarikna ogé lumpat, komo akina mah geus teu ngora deui. Dirina ogé moal sanggup balik ka lembur bari terus-terusan lumpat mah. Tapi Suba henteu terus barang tanya.

Tiluanana sabot barang dahar téh taya nu nyarita sakemék ogé. Suba kungsi dipapatahan ku kolotna jeung ku akina, ari keur dahar ulah bari ngawangkong. Pamali. Bisi teu jadi daging.

Ceuk akina, kadaharan téh tanda kaasih ti Nu Maha Kawasa. Ngalana ogé kudu amit heula ka Nu Bogana, ka Nu Nyiptakeunana. Dina ngadaharna kudu jeung haté sarta kudu ditarimakeun. Ku Suba papagah akina téh diéstokeun pisan.

Réngsé ngawadang, Suba sasapu ku sapé nyéré, sapu nyéré kawung. Daun cau dikanadurukankeun, ari cucuk lauk dibungkus ku daun cau, kitu deui cangkang sampeu jeung sampeu nu tutungna.  Rék dialungkeun ka Cipatahunan, keur parab lauk, bawaeun engké beurang.

Tamba kesel, Suba ti beurang tepi ka burit sok ulin sisi Cipatahunan, néangan beubeutian jeung buah samolo. Mindeng ngawénéhankeun mencek ngaradon nginum sisi talaga.

Akina jeung Aki Jaya mah dariuk dina batu sisi saung. Tapi teu lila Aki Jaya cengkat. Cacarita sakeudeung, laju leumpang muru ka lebah tangkal caringin. Kai Kanta asup ka jero saung. Panasaran, bari keketeyepan Suba nuturkeun Aki Jaya nu leumpangna bangun rusuh.

Di deukeut dapuran haur konéng, kuloneun tangkal caringin, Aki Jaya eureun. Kunyam-kunyem. Gorobas téh ti rungkun saliara aya nu ngagajleng, terus depa hareupeun Aki Jaya, buntutna kupat-képot nyapuan kalakay.

Suba kasima, tepi ka calangap. Tuurna nyorocod. Késang lembut késang badag barijil. Komo waktu nu keur depa téh mureleng ka lebah manéhna ngintip, bari létahna elél-élélan jeung siga nu rék nguniang. Suba asa sawér-wéreun kiih.

Aki Jaya mancal kana tonggong nu keur depa. Belesat waé méong lodaya nu gedéna tanding énéng téh lumpat tarik pisan. Suba hareugeueum, sajongjongan mah ngajanteng. Asa teu percaya kana tetempoanana.

Sanggeus pangacianana rada kumpul Suba leumpang muru sauang. Gék sila, rada jauh ti akina nu keur kokoréh kana kojana. Haténa gegebegan kénéh. Paromanana angger pias. Ngahuleng  meunang sabaraha lila. 

Ras inget ka Aki Jaya nu ti sisi Cipatahunan ka ponclot pasir mani gancang pisan, miheulaan dirina. Lauk kancra euweuh tilu téh moal salah deui dipaké muruhan éta, gerentes Suba. Akina teu barang geureuh nyeueung incuna hulang-huleng téh.

Baluas kénéh ku tetempoanana tadi, Suba ngedeng nangkarak. Leungeunna duanana dipaké anggel. Haténa norowéco. Boa aki uing ogé bogaeun ingon-ingon saperti bogana Aki Jaya, bisa ditumpakan, bisa bulak-balik ka imah dina waktu sakeudeung.

Tapi da asa tacan kungsi ngawénéhankeun. Atawa pédah bareng jeung uing miang ka Raska Bumina, ari indit-inditan sorangan mah kawas Aki Jaya tumpak si belang. Naha maké dirusiahkeun, ka incu waé tepi ka teu bébéja. Ku juru panonna, Suba ngarérét akina nu keur anteng meresihan batu wulung.

Kai Kanta ngalieuk.

”Ba, ku Aki Jaya pagéto rék diajak nyaba. Daék?” pokna

“Nu dibaju hideung jeung Aki Jaya tadi geus nyarita,” témbal Suba, panonna neuteup hateup saung nu dijieun tina injuk.

“Daék?”

“Ka mana kitu?”

“Ka Sumedanglarang.”

“Jauh temen.”

“Asal keyeng pasti tepi.”

“Ning Aki Jaya ngajak uing?”

“Kateuing. Sugan waé engké di jalan nurunkeun élmu pangaweruhna. Peupeuriheun Aki tacan kaburu ngeusian ilaing.”

“Aki mah tuda korét.”

“Korét kumaha?”

“Boga tutumpakan ogé teu bébéja. Ka incu téh sina leumpang waé...,” ceuk Suba mangloh akina.

“Aki mah apan teu boga kuda, ilaing ogé nyaho,” tembal akina.

“Aki boga maung lain, kawas Aki Jaya?”

Kai Kanta rada ngaranjug. Panonna mencrong ka Suba.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler