Bupati Bandung Umajak ka Karyawan Pemda Bandung boh ASN boh non ASN Mayar Zakat

- 18 Maret 2024, 21:42 WIB
Bupati Bandung cumeluk sangkan ASN jeung nonASN di lingkungan Pemda Kabuapaten Bandung ngaluarkeun zakat, unfaq jeung sodakoh (18/03/2024).
Bupati Bandung cumeluk sangkan ASN jeung nonASN di lingkungan Pemda Kabuapaten Bandung ngaluarkeun zakat, unfaq jeung sodakoh (18/03/2024). /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Bupati Bandung, Dadang Supriatna umajak ka para ASN jeung nu lain ASN di lingkungan Pemerintah Kabupaten Bandung dina Bulan Suci Romadon ngaluarkeun zakat, infaq, jeung shodaqoh sarta dipasrahkeun ka Baznas Kabupaten Bandung.

Ajakanana ditepikeun dina Sosialisasi Instruksi Bupati No. 2 taun 2024 ngeunaan Optimalisasi Zakat, Infaq, jeung Shodaqoh Profesi ASN jeung nu lain ASN di Lingkungan Pemerintah Kabupaten Bandung  di Gedung Korpri Kabupaten Bandung, Senin, 18 Maret 2024.

Zakat, infaq, jeung shodaqoh ceuk Dadang Supriatna mibanda peran krusial dina nyiptakeun kaadilan sosial jeung ngurangan domplangna ekonomi di masarakat.

Baca Juga: Dianggap Hadè Pangrojongna kana Ngokolakeun Zakat, Bupati Bandung Dileler Pangajèn BAZNAS Award 2024

"Potensi zakat di Kabupaten Bandung kacida ageung, upami urang mampu ngokolakeunana bakal janten sumber daya nu ageung kanggo ngaronjatkeun karaharjaann umat," ceuk Dadang Supriatna.

Ngan ceuk Dadang, aya kanyaataan nu beurat nu perlu disanghareupa: kurangna kasadaran ngaluarkeun zakat tur dina ngokolaanana tacan optimal.

Intruksi Bupati No. 2 taun 2024 tadi ceuk Dadang dimedalkeun minangka wujud tarekah ngaronjatkeun sistem ngokolakeun  zakat, infaq, jeung shodaqoh di Kabupaten Bandung.

"Sosialisasi llèngkah penting tur strategis. Simkuring miharep ka sakum pihak aub  dina nyosialisasikeun tur ngajurung masarakat, hususna ASN nu sabagèn Islam sangkan daek ngaluarkeun zakat, infaq, jeung shodaqoh," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah