Mapag Pemilu 2024, Senam Babarengan di Pakarangan Makodim/0615 Kuningan,

- 3 Februari 2024, 07:24 WIB
Senam babarengan di pakarangan Makodim 0615/Kuningan. Jumaah. 2 Pebruari 2024.*
Senam babarengan di pakarangan Makodim 0615/Kuningan. Jumaah. 2 Pebruari 2024.* /Ajun Mahrudin/

GALURA-Komando Distrik Militer (Kodim) 0615/KNG jeung Polres Kuningan ngayakeun senam babarengan, di pakarangan Makodim 0615/Kuningan, Jumaah 2 Pebruari 2024.

Eta teh dina raraga mapag Pemilu 2024 di wewengkon Kabupaten Kuningan, anu baris lumangsung 14 Pebruari 2024.

Anu miluanna mah teu semet pulisi jeung TNI atawa rengrengan polres jeung kodim, tapi oge forkompinda, KPU, jeung Bawaslu ieu daerah.

Dandim 0615/Kuningan Letkol Inf Bambang Kurniawan nyebutkeun,
senam babarengan teh pikeun ngaraketkeun silaturahmi.

Sajaba ti eta, ngingkeutkeun masarakat hak pilih yen  moal lila deui Pemilu 2024 baris lumangsung.

Ceuk Bambang, Pemilu 2024 teh mangrupakeun pesta demokrasi, kudu dipapag ku kagumbiraan.

Sajaba kitu,  ulah aya anu ngarasa kabeungbeuratan Atawa kateken boh patugas Dina ngalaksanakeun lancenna boh masarakat hak pilih dina nsngtukeun pilihanna.

"Urang ciptakeun  katengtreman, Pemilu anu damey luyu sareng harepan" ceuk Bambang.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah