Nampa Pangurus PWI Pusat, Presiden Jokowi Wanti-wanti sangkan Pemilu 2024 Henteu Riceuw  

- 9 November 2023, 05:00 WIB
Réngréngan Pangurus PWI Pusat jeung Presiden Jokowi di Istana Merdeka, Jakarta, Salasa, 7 November 2023.*
Réngréngan Pangurus PWI Pusat jeung Presiden Jokowi di Istana Merdeka, Jakarta, Salasa, 7 November 2023.* /Humas PWI Pusat/Galura/

“Saur Bapa Presiden, upama mémang aya kakirangan ti pamaréntah Provinsi Yogyakarta, pamaréntah pusat baris mantuan,” ceuk Hendry.

Salian ti éta, ceuk Hendry, dina éta pasamoan ogé dibahas ngeunaan pers dina nyikepan/ngaréspon pemilihan umum (pemilu) anu bakal datang. Ceuk Hendry, Presiden ngawanti-wanti ka sakumna masarakat sangkan pemilu tetep damai, tengtrem henteu riceuw, teu aya riributan nanaon.

“Didugikeun ku Presiden, saleresna ayeuna mah teu aya masalah, biasa waé, adem ayem waé, diwanti-wanti supaya sakumna masarakat ngiring aub dina ngajaga pemilu anu damey, anu ngajaga keutuhan bangsa katut nagara, henteu dugi ka memecah belah,” pokna.

Hendry satuluyna negeskeun, yén pamikiran anu diasongkeun ku Presiden Jokowi téh hakékatna mah sarua waé jeung pamikiran inyana minangka Ketua PWI. "Sim kuring gé gaduh émutan anu sami. Pers téh saleresna sanés pihak anu ngaganggu, anu ngomporan, dugi ka suasana jadi harénghéng, suasana jadi teu béda ti event mumusuhan," cenah.***

Baca Juga: Prof.Dr.Ir.Yudi Garnida: Pangwangunan Sektor Tatanen di Nagara Urang Nyugenmakeun

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah