Jabatan Komandan Lanud Sulaiman, Kiwari Dicangking ku Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi

- 1 September 2023, 06:26 WIB
Upacara serah terima jabatan Danlanud Sulaiman dari Marsma TNI Abdul Haris ke Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi pada hari ini Kamis, 31 Agustus 2023.
Upacara serah terima jabatan Danlanud Sulaiman dari Marsma TNI Abdul Haris ke Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi pada hari ini Kamis, 31 Agustus 2023. /Budi Satria/PRFM News

GALURA – Jabatan Komandan Lanud (Danlanud) Sulaiman kalawan resmi disérénsumérénkeun ti Marsma TNI Abdul Haris ka Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi.

Upacara sérén sumérén jabatan Danlanud Sulaiman digelar di Lapangan Apel Staf II Lanud Sulaiman, Margahayu, Kabupaten Bandung, Kemis, 31 Agustus 2023.

Éta sérén sumérén jabatan Danlanud Sulaiman téh dipingpin ku Komandan Kodiklatau Marsekal Madya TNI Ir. Tedi Rizalihadi S.

Dina biantarana, Tedi meredih malar TNI AU terus ngigelan kamekaran jaman kalawan ngamekarkeun rupaning inovasi.

Baca Juga: Galura Cetak I September 2023, Ngaguar Live Streaming Wayang Golek jeung Wayang Kulit

"Ieu sérén sumérén jabatan komandan Lanud Sulaiman téh dilaksanakeun taya lian enggoning adaptasi luyu jeung tangtangan tugas sarta geusan nyumponan pangabutuh organisasi TNI Angkatan Udara nu mingkin kompleks," pokna.

Satuluyna Tedi ngécéskeun, Lanud Sulaiman téh minangka salasahiji satuan pelaksana ti Kodiklatau nu antarana pikeun ngalaksanakeun pembinaan jeung operasi pendidikan.

Ku kituna, posisi Lanud Sulaiman kalintang strategisna nu teu weléh diwewegan ku rupa-rupa inovasi sangkan ka hareupna leuwih hadé deui.

“Dina ieu kasempetan kuring cumeluk ka sakumna personil Lanud Sulaiman pikeun terus némbongkeun kétak sahadé-hadéna dina sakur palaksanaan tugas luyu jeung widang tugasna séwang-séwangan,” pokna.

Baca Juga: Baim Wong Viral Lagi karena Marah, Ternyata Persiapan Diskon Tambah Lapak Streaming Jualan ke Shopee Live

Tedi gé miharep malar sakumna personil Lanud Sulaiman teu weléh boga komitmen lagu ngalaksanakeun tugasna.

Danlanud Sulaiman dipiharep bisa jadi tuladaneun, pamecut sumanget sakabéh prajurit dina ketakna tur terus suksés dina ngalakonan tugasna.

“Ngahaturkeun nuhun ka pajabat saméméhna. Atuh ka Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi gé nu ayeuna dibenum jadi Komandan Lanud Sulaiman, ieu téh minangka amanah jeung kahurmatan ti pingpinan. Ku kituna, laksanakeun tugas kalawan sumanget tur sing bisa ngigelan di lingkungan tugas nu anyar,” ceuk Tedi.

Inyana ngarasa yakin yén Kolonel Pnb Rohmat Kusmayadi bisa ngalaksanakeun tugas sahadé-hadéna minangka Danlanud Sulaiman, alatan salila ieu geus némbongkeun kétak nu hadé.* 

Baca Juga: Asisten Kapolri Bidang SDM: Pentingna Polwan Ngawal Pemilu 2024

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah