Jalan Dusun Ciseureuh-Cimanggang Dihadean, Lancar Sanajan Kasengker Hujan

- 12 April 2023, 20:34 WIB
Dandim 0615/Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan,  ngalongok kagiatan program BSMSS Taun 2023, di Dusun Ciseureuh Desa/ Kecamatan Ciwaru, Salasa (11/4/2023).
Dandim 0615/Kuningan, Letkol Inf Bambang Kurniawan, ngalongok kagiatan program BSMSS Taun 2023, di Dusun Ciseureuh Desa/ Kecamatan Ciwaru, Salasa (11/4/2023). /Dok Kodim 0615/Kuningan/

GALURA-Rengrengan Kodim 0615/Kuningan kiwari keur ngalakonan Bakti Siliwangi Manunggal Satata Sariksa (BSMSS) Taun 2023, di Dusun Ciseureuh, Desa/Kecamatan Ciwaru,

Eta program unggulan Bidang Teritorial Kodam III/Siliwangi teh museur ngahadean jalan desa panjang-na 500 meter, nepungkeun Dusun Ciseureuh-Dusun Cimanggang Desa Ciwaru.

BSMSS di Desa Ciwaru ngalibetkeun 15 urang anggota Kodim 0615/Kuningan,
15 urang pagawe inti, 3 urang aparat desa jeung 50 urang warga sejenna.

Eta hasil gawe rancage gotong royong TNI, aparat desa jeung warga lancar. Tapi kituna teu laluasa, alatan kasengker hujan.

Baca Juga: Bantuan Ti Kodim 0615 Kuningan jeung Puspita Cipta Grup, Pikeun Warga Korban Urug Dusun Ragawangsa

Lamun breg hujan kapaksa kudu eureun heula, dina mangsa halodo kakara ngeureuyruh  deui ngahadean jalan nu tacan rengse.

"Kantos liren heula, margi kasengker hujan. Malah ti enjing mula material henteu tiasa kaakut alatan jalanna leueur," ceuk Dandim 0615/Kuningan Letkol Inf Bambang Kurniawan.

Bambang nepikeun eta hal basa ngalongok kagiatan program BSMSS Taun 2023, di Dusun Ciseureuh Desa Ciwaru, Kecamatan Ciwaru, Kabupaten Kuningan, Salasa (11/4/2023).

Harita Bambang dijejeran ku Pasi Ter Kodim 0615 Kapten Inf Arif jeung Bati Ter Peltu Didin Rosidin, Danramil 1505/Ciwaru Kapten Inf Nandang.

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah