Samsat Information Center SIM C, Panglayan 24 Jam pikeun Wajib Pajak di Jawa Barat    

- 6 April 2023, 08:56 WIB
Kagiatan panglayan mayar pajeg di salasahiji outlet Samsat. Bapenda Jawa Barat ngayakeun program Samsat Information Center (SIM-C), panglayan 24 jam pikeun Wajib Pajak di Jawa Barat.*
Kagiatan panglayan mayar pajeg di salasahiji outlet Samsat. Bapenda Jawa Barat ngayakeun program Samsat Information Center (SIM-C), panglayan 24 jam pikeun Wajib Pajak di Jawa Barat.* /Dok. Bapenda Jabar/

 

GALURA - Samsat Information Center atawa SIM-C, minangka panglayan informasi Samsat 24 jam pikeun Wajib Pajak (WP) di Jawa Barat.

Wajib Pajak nu merelukeun informasi ngeunaan panglayan Samsat, dilayanan ku SIM-C kana Call Center 150-410 atawa kana WhatsApp 0811-2230-1818.

Kepala Badan Pendapatan Daerah (Bapenda) Jawa Barat, Dedi Taufik, ngeceskeun, SIM-C teh minangka wujud lajuning laku instruksi Gubernur ngeunaan panglayan publik nu kudu maksimal.

"SIM-C teh inovasi sual panglayan publik nu kudu maksimal, sangkan Wajib Pajak mingkin babari meunangkeun informasi kalawan ngamangpaatkeun teknologi digital," pokna.

Laju Dedi Taufik ngebrehkeun, eta panglayan SIM-C ngawengku konsultasi pajeg, komplen, maluruh, tepi ka informasi tagihan.

Baca Juga: Pulisi Polres Majalengka Ngatur Lalu Lintas di Jalan nu keur Diaspal Jalur Maja - Cikijing

Lian ti eta, Wajib Pajak ge bisa mikanyaho rupaning program strategis katut kawijakan, promo, kaasup informasi lokasi jeung jadwal Samsat Keliling.

"Ieu transformasi digital panglayan publik teh minangka bagean penting program Bapenda Jawa Barat enggoning ngaronjatkeun pendapatan daerah. Samemehna ge aya panglayan mayar pajeg ku cara online nyaeta program New Sambara,” ceuk Dedi Taufik.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah