Di Pasantren Hidayatul Hikmah, Kutawaringin, Kab. Bandung, Artis Shania Babagi Rejeki ka Budak Yatim

- 5 April 2023, 05:25 WIB
Shania.*
Shania.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com)/

 

GALURA - Shania tèh ngaran artis penyanyi lawas R&B. Moncorong dina taun 1990-an, ieu wanoja camperenik nu ngaran asalna Tuti Gareta téh geus lila tilem. Tapi, Ahad 2 April 2023, katitén aya di Pasantren Hidayatul Hikmah, Desa Gajah Mekar, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung.

Datangna Shania lain rèk nyanyi alias ngahaleuang, tapi aub kana santunan budak yatim nu aya di pasantrén pingpinan KH Asep Hadimi (Mang Abah), nu taya lian lanceuk tegesna.

Lagu-lagu Shania dipikalendep ku budak ngora harita. Panampilanna nu enerjik ti heula masih kènèh dipikasono ku fans-fans saentraganana. Tapi model buukna nu diuntun sababaraha "runtuy" ngaraweuy dina sirahna mah masih tetep, tepi ka jadi puseur perhatian ratusan santri di pasantrén.

Matak, nu jadi lanceuk, Mang Abah ngajawab kana patalèkan saurang nu aya dina riungan, yèn saha waè nu rèk nyieun kahadèan di Pasantrèn Hidayatul Hikmah moal ditingali tina panampilan, tapi paniatan hatèna.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa di Kota/Kabupaten di Jawa Barat, Rebo, 14 Ramadan 1444 H / 5 April 2023

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa di Kota/Kabupaten di Provinsi Banten, Rebo, 14 Ramadan 1444 H / 5 April 2023

Shania nyisihkeun sabagèan rejekina tina hasil nyanyi pikeun babagi ka sasama. Ieu tèh, cenah, mayeng dipilampah saban bulan Ramadan.

“Nya, teu sakumaha lah, lumayan kanggo buka puasa mah,” ceuk Shania.

Hikmah Ramadan pikeun Shania, waktuna meresihan hatè. “Ramadan tèh sasih nu pangistimèwana. Sasih nu pinuh ku barokah sareng ampunan. Mugia dina sasih réliji ieu urang langkung sumerah diri,"  pokna.

Najan arang katitén dina layar kaca, Shania masih kènèh remen manggung atawa show. Ngan dina bulan Ramadan mah, cenah, eureun heula da hayang husu ibadah.

Ditanya kumaha carana sangkan awak tetep hégar, seger buger, jeung geulis, Shania ngaku ukur  beresih pipikiran ditambah getol olahraga.

“Upami sasih Ramadan olahraga rada dikirangan, katambih sering wangsul dugi ka wengi, lajeng saur, nu mawi waktos kanggo olahraga siang mah diwates supados teu ngaganggu kana husuna saum,” ceuk Shania.*** Sopandi

Baca Juga: Sahur On The Road di Pusat Kuliner Sate Maranggi

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung Salila Bulan Ramadan 2023

 

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah