Milangkala 63 Taun, Rindam III Siliwangi Gelar ‘Fun Night Run’

- 13 Maret 2023, 06:25 WIB
Kagiatan “Fun Night Run” dina raraga milangkala 63 taun Rindam III Siliwangi, di Kota Bandung, Saptu, 11 Maret 2023.*
Kagiatan “Fun Night Run” dina raraga milangkala 63 taun Rindam III Siliwangi, di Kota Bandung, Saptu, 11 Maret 2023.* /Dok. Pendam III SLW/

GALURA - Milangkala 63 Taun Resimen Induk Daerah Militer (Rindam) III Siliwangi direuah-reuah ku acara “Fun Night Run”, Saptu, 11 Maret 2023.

Kalawan start ti Markas Rindam III/Slw Jl. Manado, Kota Bandung, leuwih ti sarébu peserta boh anggota TNI boh warga umum, mapay rute 5 km sapanjang Jl. Manado-Jl. Gudang Utara-Jl. A. Yani-Jl. LLRE Martadinata -Jl. Banda-Jl. Belitung, tur finish di Mako Rindam.

Panitia nyadiakeun doorprize 1 motor, 10 sepedah gunung, 2 kulkas, 1 mesin cuci, 5 TV, jeung lianna

Danrindam III Siliwangi Kolonel Inf. Lukman Hakim, ngeceskeun, pangna ngagelar “Fun Night Run” alatan ayeuna téh mingkin loba barudak ngora jeung komunitas nu ngalakonan olahraga lari ti peuting.

"Ku kituna, éta kagiatan geusan ngawadahan hobi warga nu sok olahraga lari ti peuting bari ngaraketkeun komunitasna," pokna.

Baca Juga: Bhakti Siliwangi Manunggal Satata Sariksa TNI AD 2023 di Serang

Laju manehna ngébréhkeun, keur nu ayeuna mah sipatna hiburan tur ngawanohkeun hobi olahraga lari ti peuting.

Nilik kana minat warga, ka hareupna bakal digelar kagiatan samodel nu sipatna jangeun prestasi.

"Engké dina bulan Oktober, dina raraga milangkala TNI, insyaallah baris digelar deui acara ‘Night Run’ nu nodél jangeun préstasi," ceuk Danrindam III Siliwangi.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah