Presiden Miharep Patani Ngamangfaatkeun Gemuk Organik

- 6 Maret 2023, 18:45 WIB
Presiden RI Joko Widodo ka Kabupaten Bandung. *
Presiden RI Joko Widodo ka Kabupaten Bandung. * /Kominfo /

GALURA- Presiden RI Joko Widodo, miharep para patani sangkan ngangfaatkeun gemuk organik atawa anu disebut pupuk kandang. 

 

Inyana nyebutkeun, kiwari sakumna nagara keur hèsè nyadiakeun gemuk (pupuk), sabab bahan bakuna ti Rusia jeung Ukraina, keur perang.

 

 Presiden Jokowi, nembrakeun eta hal basa ngadongdon Pesantren Al-Ittifaq di Desa Alamendah Kecamatan Rancabali, Kabupaten Bandung,   Senen, 6 Maret 2023.

 

Sanajan kitu, keur di Indonesia bisa nambahan dina nyalurkeun gemuk. Pabrik gemuk Iskandar Muda bisa mroduksi kana 570 rèbu ton dina sataun. 

 

Jokowi  miharep sangkan  para patani paham kana kaayaan hèsèna gemuk di saban nagara. *** 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah