Buah Gedong Gincu, Dipelak di Jatigede, Sumedang, Ku Bandar Disebut ti Majalengka

- 14 Januari 2023, 17:12 WIB
Buah Gedong Gincu asal Kabupaten Sumedang/ kabar-priangan.com/DOK
Buah Gedong Gincu asal Kabupaten Sumedang/ kabar-priangan.com/DOK /

SUMEDANG, GALURA - Kabupaten Majalengka, Jawa Barat teh geus lawas kajojo ku buah nu rasana kareueut naker, nyaeta buah (mangga) gedong gincu.

Nu disebuh buah gedong gincu boga wangun semu buleud kalawan warna kulit koneng pacampur jeung warna beureum. Punjulna ti nu sejen, buahna seungit mun diangseu.

Kajojona gedong gincu, ayeuna lain wae di Majalengka, Sumedang, Jawa Barat atawa lemah cai wae. Tapi geus nepi ka mancanagara cara Rusia jeung Malaysia.

Baca Juga: Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede

Enya, sabab gedong gincu, kungsi sababaraha kali diiangkeun atawa diekspor ka eta nagara, jeung nagara sejenna.

Ngan, di satukangeun eta, kawasna can rea nu apal, yen saenyana, gedong gincu teh teu murni hasil tatanen patani Majalengka wungkul.

Malahan, kaayeunakeun mah, bisa jadi, gedong gincu nu ayeuna jadi trademark Majalengka teh, rereana lain meunang patani Majalengka, tapi Sumedang.

Baca Juga: Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorona Ngungkung ka Jauhna!

Ecesna meunang patani di sawatara desa di Kacamatan Jatigede.

Geuning?

“Muhun, Kang, saleresna mah gedong gincu nu diical di Majalengka sareng nyebar ka sawatara wewengkon teh, hasil tatanen warga Kaleci, Lebaksiuh sareng Desa Kadu,” cek Pepen, hiji patani buah basa tepung jeung Galura di Desa Kadu, anyar-anyar ieu.

Nurutkeun Pepen, warga Kadu jeung sabudeureunana, sakanyahona, geus aya kana puluhna taun marelak tangkal buah gedong gincu, nurut kana kabiasaan warga Majalengka. Munasabah kituna teh.

Baca Juga: Pituduh ti Sutradara Aris Nugraha, dina Preman Pensiun 8, Irin 'Jadian' jeung Sukanta, Roy Musuh Kang Mus?

Desa Kadu teh apanan perenahna teu jauh ti wewengkon Majalengka, ngan saukur kahalangan ku walungan Cilutung. Ku kituna, kabiasaan warga Kadu, ampir teu beda jeung kabiasaan warga Majalengka.

Kuduna, cek Pepen, sanggeus tangkal buahna manjing alaeun, buah teh dijual langsung ku patani ka konsumen, jeung diaku meunang patani Kadu, Lebaksiuh atawa Kaleci.

Tapi teu kitu geuning dina emprona mah. Sabada manjing alaeun teh, buahna dijual ka bandar urang Majalengka, jeung saterusna dibawa ka Majalengka, laju diakukeun “produk” Majalengka.

Baca Juga: Chord jeung Lirik Lagu 'Inget ka Mantan', Ciptaan Wagista, Populerna Nepi ka Mancanagara

Eta katerangan luyu jeung katerangan Kapala Desa Kadu, Otong Rasmadi, basa tepung jeung wartawan kaasup Galura sawatara waktu ka tukang.

Nurutkeun Otong, di desana teh ti baheula mula, aya ratusna warga nu jadi patani buah gedong gincu.

Sajaba ti di desana, patani nu sarua nyebar oge di Desa Lebaksiuh jeung Cintajaya (Kaleci) Kecamatan Jatigede.

Baca Juga: Ceuk Babad Tanah Jawi Nu Ngadegkeun Majapahit teh Putra Padjadjaran

Di Kaleci atawa Cintajaya mah angot, sabab di wewengkonna aya perkebunan nu lega, husus kebon gedong gincu.

Ngan, pokna, sabada buahna arasak, buahna saterusna dijual ka “pengepul” urang Majalengka, jeung saterusna diaku beunang patani Majalengka.

“Kitu nu saleresna mah, Kang,” cek Otong.

Nurutkeun Otong, buah gedong gincu ti desana jeung desa sejen nu kabawah ka Kacamatan Jatigede teh, sajaba ti dibawa langsung ku bandar, kalan-kalan dipasarkeun langsung ku para patani ngaliwatan sasak gantung Cilutung; bisa ku cara ditanggung, bisa oge make roda.

Baca Juga: Bupati Ciamis Masrahkeun Bantuan keur Korban Angin Lilimbungan di Panawangan

“Pami nuju usum panen mah, nu iang ngangge sasak gantung Cilutung teh, teu liren salami 24 jam,” pokna deui.

Pepen nandeskeun, hiji waktu mah, manehna, oge patani sejenna hayang, gedong gincu “made in” Kadu, Kaleci jeung Lebaksiuh teh ulah diaku wae ku Majalengka.

Manehna hayang, buahna diaku jadi produk tatanen Kabupaten Sumedang, jeung bisa ngaronjatkeun karaharjaan patanina.

Baca Juga: Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorona Ngungkung ka Jauhna!

“Tapi sapertosna, eta gumantung oge ka pamarentah di Sumedang, naha siap ngarojong kahoyong patani atanapi henteu?” pokna. ***

Editor: Aam Permana S

Sumber: liputan


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah