GALURA-Pikeun ngaronjatkeun produksi pavingblock ngamangfaatkeun runtah palastik, Pemerintah Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, tatan-tatan rek ngamangfaatkeun mesin tanaga listrik.
.
Eta hal ku sabab mesin anu dipake kiwari dianggap teu efektif. Sajaba proses-na lila, olok atawa boros bahan bakar deuih.
Mesin anu mimiti dicoba, ceuk Nana, dina proses ngalebur runtah palastik masih keneh make campuran oli urut. Hasilna kurang nyugemakeun, lila teuasna.
Baca Juga: Ngolah Runtah Palastik di Desa Tugumulya, Kiwari Geus Make Mesin
Mesin anu munggaran digunakeun cocogna pikeun nyieun bahan campuran aspal curah atawa penyulingan bahan bensin tina runtah palastik.
“Mesin anu dianggo ayeuna cocog, mung masih boros bahan bakar. Ayeuna nuju milari cara anyar ngamangfaatkeun listrik," ceuk Nana ***
Baca Juga: Di Desa Tugumulya, Runtah Bisa Dipake Mayar Pajeg