Ngabangun Kota Subang, Tuan Hofland cenah mah Katitisan Prabu Siliwangi

- 2 April 2023, 14:57 WIB
Patung Tuan Hofland di Museum Subang. Tuan Hofland aya nu nyebutkeun katitisan Prabu Siliwangi.
Patung Tuan Hofland di Museum Subang. Tuan Hofland aya nu nyebutkeun katitisan Prabu Siliwangi. /Nanang /Galura

Tuan Hofland ngalegaan wilayah perkebunana ku cara lemes. Perkebunana dipake keur ngaronjatkeun karaharajaan masarakat sabudeureunana. Tuan Hoflanda oge ngabangun insfrastruktur, babakuna jalan keur ngangkut hasil perkebunana.

Di Desa Cupunagara (Bukanagara) aya prasasti nu nyebutkeun dijieunna jalan padati Bukanagara ku Raden Rangga Martayuda jeung Tuan Hofland taun 1847.

Colonial Collection (KIT), Universitas Leiden, netelakeun Tuan Hofland lain ukur ngabangun jalan tapi oge ngadegkeun sakola desa nu di antarana ngajarkeun bahasa Melayu jeung Aritmatika.

Nu matak ceuk para sejarawan, masarakat nu dumuk di sabudeureun perkebunan henteu asa dijajah, malah sabalikna. Ku Tuan Hofland, urang Subang teh dijalmakeun. Harga-harga kabutuhan pokok leuwih murah batan ti padagang Cina.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x