Du’a Tatanen Sangkan Hasil Tatanen Barokah

- 7 Februari 2023, 15:30 WIB
Ilustrasi du'a sebelum bertani atau bercocok tanam
Ilustrasi du'a sebelum bertani atau bercocok tanam /Harun/Pixabay


GALURA – Du’a atawa doa samemeh ngamimitian tatanen sangkan hasil tatanen barokah.

Minangka bagean tina ihtiar, tatanen teh kagiatan geusan nyiar rijki ti Allah SWT.

Pakasaban masarakat Indonesia lolobana kana tatanen kalawan rupa-rupa produk pertanian.

Baca Juga: Tina Tamba Kesel, Usaha Jual Pupuk jeung Obat Pertanian Hasilna Mucekil

Katelah nagara agraris, Indonesia teh kawilang nagara nu ngahasilkeun produk pertanian unggulan.

Tina eta tatanen, alhamdulillah geus loba karasa mangpaatna, eta teh anugrah rikji ti Allah SWT.
Ku kituna, samemeh tatanen, kalintang hadena dimimitian ku du’a.

Dina du’a samemeh tatanen tea, teu saeutik ngandung hikmah, antarana minangka wujud rasa sukur jeung miharep rido-Na sangkan dipaparin hasil tatanen nu mucekil bari barokah.

Baca Juga: Gedong Sate cenah mah Diadegkeun dina Lahan Urut Karaton, Karatonna Mindeng Kawenehan

Ieu du’a samemeh ngamimitian tatanen :

“Subhaanal baa-‘itsil waaritsia wa mistslu kalimatin thoyyibatin kasyajarotin thoyyibatin ashluhaa tsaabitun wa far’uhaa fis samaa-i tu’tii ukulahaa kulla hiinin bi idzni robbihaa.”

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x