Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat

- 8 Februari 2023, 10:30 WIB
Situs Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, tempat disumarekeunana Prabu Linggawisesa, raja nu mikanyaah rahayat (Foto: BPCB Banten).
Situs Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, tempat disumarekeunana Prabu Linggawisesa, raja nu mikanyaah rahayat (Foto: BPCB Banten). /Picasa/

Bupati Pangandaran jeung Bupati Ciamis kudu boga tekad kieu: Aing oge kudu kawas Prabu Linggawisesa, aing kudu soson-soson ngaraharjakeun masarakat.

Anu disumarekeun atawa dimakamkeun di lelewek Batu Kalde teh, lain ukur Prabu Linggawisesa tapi oge manteri pertanian Karajaan Pananjung, nu ngaranna Sapi Gumarang.

Jasa Sapi Gumarang teh gede pisan dina ngaronjatkeun produktifitas tatanen tur ngaraharjakeun patani. Keur pangeling-ngeling, karajaan ngadegkeun arca sapi, ukuranna 1 x 1 x 0,6 meter, jangkungna 5 meter.

Sapi Gumarang tadina mah ngamusuhan ka Prabu Linggawisesa pedah rek meuli pare teu diidinan. Mudalkeun kakeuheulna, Sapi Gumarang nyebarkeun hama pare.

Ku seuweu Prabu Linggawisesa, Sapi Gumarang bisa diperuhkeun. Lantaran ahli dina tatanen, ku Prabu Linggawisesa diangkat jadi mentri pertanian.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x