GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku kagét meunang bèja aya kajadian caah (banjir) di wewengkon Soreang. Najan éta caah teu kawas caah nu tumiba ka Kecamatan Dayeuhkolot atawa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang.
Beja ayana caah di Soreang ditarima ku Bupati Bandung waktu inyana ngalaksanakeun sahur munggaran Ramadan di imah salasaurang warga di Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Kemis (23/3/23) janari.
Kemis pabeubeurangna Bupati langsung nitènan sajumlah lokasi nu kakeueum caah, dibarengan ku Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama, Sekretaris BPBD Kabupaten Bandung Hendra Hidayat, Camat Soreang, katut Kepala Desa Soreang.
Bupati mertèlakeun, caah di Soreang mah caah déngdéng (banjir bandang), teu kawas caah di Dayeuhkolot jeung Tegalluar mangrupa caah maneuh.
"Di Soreang mah banjir bandang, nu kajadianana sawaktu-waktu," ceuk Dadang Supriatna.
Baca Juga: Lingkungan Ruksak, Usum Hujan Banjir, Usum Halodo Tigerat ku Cai

Tina panitènan Bupati di lokasi, inyana ningali aya karamba lauk nu dipasang warga jeung runtah minuhan walungan.
"Tah, ieu tèh ngamendetkeun walungan, nya balukarna cai ti walungan atawa irigasi jadi mudal,” ceuk Dadang Supriatna.