Tétéla, karuhun Sunda geus miboga kaunggulan ngawasa tata ruang, pranata mangsa, sarta etnosains séjénna, nu dilarapkeun geusan ngungkulan pasualan kahirupan nu luyu jeung kaayaan geografis tur ajén-inajén budaya.
Etnosains téh gurat badagna mah transformasi pangaweruh nu lumangsung ti entragan ka entragan satuluyna tur antukna jadi pangaweruh kolektif masarakat kalawan mibanda ajén ilmiah lagu nyanghareupan rupa-rupa fenomena alam.
Baca Juga: Pangajen Menhan Kana Inovasi Teknologi Kodam Siliwangi
“Tah, éta etnosains téh bisa dilarapkeun dina pangajaran sains atawa elmu alam, boh di sakola boh di lingkungan masarakat,” ceuk Acep Purqon.
Acep Purqon téh pituin Cianjur, nu gumelar 15 Séptémber 1974. Nyuprih program S1 jeung S2 di Jurusan Fisika ITB, laju S3 Computational Science di Universitas Kanazawa (2008), tur kiwari ngajar di FMIPA ITB.
Publikasi panalungtikanana sumebar di jurnal nasional jeung internasional. Inyana gé remen jadi panyatur dina pirang-pirang seminar ilmiah, boh di Indonesia boh mancanagara.
Ngeunaan etnosains, inyana gé tuluy ngébréhkeun, di lingkungan masarakat tradisional geus kawangun pangaweruh asli dina wanda adat istiadat atawa nu ditepikeun ku cara lisan.
Wangun pangaweruh henteu dilarapkeun formal, tapi ku cara amanat, pamali, tur wangun lisan lianna. Prak-prakanana, misalna dina cara tatanén, ngarawat leuweung, ngajaga mata cai, jeung nu séjénna.
“Éta etnosains téh kalintang pentingna pikeun terus diteuleuman, jadi bahan tinimbangan ilmiah keur kurikulum pangajaran formal di sakola,” pokna.
Baca Juga: Prajurit Zidam III Siliwangi Dilatih Operasional Mesin Bubut, Ngawasa Transfer Teknologi