Si Jalak Harupat Ulah Bolay Ngagelar Piala Dunia U 20, Erik Thohir: FIFA Geus Mèrè Catetan nu Kudu Dibebener

- 13 Maret 2023, 06:00 WIB
/Dok. Diskominfo Kab. Bandung./

GALURA - Ketua Umum PSSI Erick Thohir ngadongdon Stadion Si Jalak Harupat (SJH) di Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Saptu (11/3/2023).

Datangna Erick ka Stadion Si Jalak Harupat téh minangka wujud pamalirè tur bukti kadariaan ngadukung pamaréntah daerah mastikeun stadion SJH ulah tepi ka dicorét ku FIFA.

Pamarèntah Kabupaten Bandung, ceuk  Erick, geus komitmen ngalakukeun hal kalayan maksimal nyanghareupan FIFA.

Erivk nètèlakeun, iraha deui Jawa Barat jadi pribumi Piala Dunia U 20. Ieu even téh diayakeun di Asia Tenggara 23 taun kaliwat, can tangtu diayakeun deui di Indonesia.

Baca Juga: Aya Beja, Si Jalak Harupat Bolay Jadi Tempat Piala Dunia U 20, Menpora RI: Keur Nungguan Kajelasan ti FIFA

Erick nyebutkeun, SJH stadion nu kadua dititèn dina lawatanana nyanghareupan kasiapan Piala Dunia U 20 dina poè  Saptu èta.

Dina poè èta kènèh, samèmèhna Erick jeung rombongan, Menpora katut Kementerian PUPR nitènan Stadion Jakabaring.

Ceuk Erick, FIFA geus ngirimkeun sababaraha catétan. Samèmèh 21-27 Maret kudu geus dibebener.  Ku kituna Erick langsung turun, batan hanjakal, cenah.*** Sopandi

Baca Juga: Camat Miharep, Palaku UMKM Warga Kutawaringin Dibèrè Rohang dina Hajat Internasional di Si Jalak Harupat

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x