Konsep Tri Tangtu di Sunda, Beda jeung Trias Politika Mantesquieu

- 31 Januari 2023, 11:30 WIB
Rawayan di Kanekes (Baduy). Masarakat Kanekes ngajalankeun konsep tri tangtu dina ngatur hirup kumbuhna. (Foto: Dinas Pariwisata Banten).*
Rawayan di Kanekes (Baduy). Masarakat Kanekes ngajalankeun konsep tri tangtu dina ngatur hirup kumbuhna. (Foto: Dinas Pariwisata Banten).* /

Dina Amanat Galunggung disebutkeun jagat daranan di sang rama, jagat kreta di sang resi, jagat palangka di sang prabu: Kamakmuran tanggung jawab sang rama, karaharjaan tanggung jawab sang resi, pamaréntahan tanggung jawab sang prabu (ratu).

“Tri tangtu tarjamaahan tina 3 unsur: pangéran, alam, jeung manusa,” ceuk Otong. Konsep tri tangtu, ceuk Otong, teu kawas Trias Politica, lain babagi kakawasaan, tapi babagi tugas énggoning ngolah nagara sangkan masarakatna aman tengtrem teu kurang sandang pangan jeung papan.

“Di masarakat Kénékés (Baduy), tri tangtu masih keneh dipake, Puun Cibeo, Cikeusik, jeung Puun Cikertawana tugasna béda,” ceuk Otong.

Sanghyang Siksa Kandang Karesian mere papagon lamun manusa hayang hirupna raharja kudu kuat kawas raja, ucap kudu kawas rama, budi (sipat) kudu kawas resi.

Baca Juga: Bedana Hujan dina Pabaru Masehi jeung dina Pabaru Cina, ieu mah Baheula

Konsep tri tangtu di bumi téh nu neguhkeun (pineguh) dunya. Dina pamaréntahan, rama, resi, jeung prabu disebutna triwarga di lamba, tilu golongan kahirupan (nagara).

Kaayaan nagara bisa kuat, unggal lapisan masarakat, kaasup rama, resi, jeung raja ngéstokeun tugas jeung pancénna séwang-séwangan.

“Anu jadi rama, resi, jeung prabu henteu ngan ukur di pusat, tapi ogé aya di wewengkon masarakat nu leutik, upamana di désa, nu kalungguhanana rama, resi, jeung prabu téh aya,” ceuk Otong.

Naha konsép kahirupan jeung nagara nu diasongkeun ku karuhun Sunda bieu bisa diterapkeun dina pajamanan kiwari jeung jaga?

“Bisa diterapkeun, komo mun nengetan kaayaan nagara, kaayaan dunya saperti ayeuna. Apan ceuk karuhun urang ogé teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang, tunda alaeun jaga,” tembal Otong. ***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x