Rembug Bedas Méakeun Anggaran Rp 2,1 Miliar

- 29 Januari 2023, 08:39 WIB
Salasahiji kagiatan Rembug Bedas di Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu.*
Salasahiji kagiatan Rembug Bedas di Desa Margahayu Selatan Kecamatan Margahayu.* / (SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com)

GALURA - Kepala Dinas Pemberdayaan Masyarakat dan Desa (DPMD) Kabupaten Bandung, Tata Irawan nyebutkeun, anggaran jang Rembug Bedas di 130 desa di Kabupaten Bandung taun 2023 ieu nepi kana Rp 2,1 miliar.

"Anggaran sakitu téh kagiatan di 130 desa, kanggé tuang leueut atanapi makan minum (mamin) warga nu diulem dina kagiatan Rembug Bedas ieu," ceuk Tata Irawan, Saptu (28/1/2023).

Tata nyebutkeun, tina 130 kagiatan (desa) ieu dianggarkeun Rp 16 juta keur hiji kagiatan nu sasaranna 400 warga. Najan dina saban Rembug Badas masarakat nu hadir nepi kana 500-800 urangna.

Baca Juga: Ieu Amanat Najib ka Bacaleg PAN Kabupaten Bandung

"Masarakat nu hadir téh ti Ketua RT, Ketua RW, pamuda Karang Taruna, unsur PKK, Linmas,  sakumna perangkat desa, tokoh masarakat, BPD, LPMD, guru ngaji sareng unsur sanésna, " ceuk Tata.

Pangayaan maminna, ceuk Tata kénéh, liwat mekanisme e-Katalog, nu di jerona aya para palaku UMKM Kabupaten Bandung.

"Mamin nu disayagikeun kanggé kagiatan Rembug Bedas ieu ti para palaku UMKM nu aya di masing-masing desa. Program Rembug Bedas ieu bagéan tina pemberdayaan ekonomi masarakat, hususna para pelaku UMKM," ceuk Tata.

Baca Juga: Runtah Ngunung-ngunung, Kepala Pasar Baleendah: Lolobana Pamiceunan ti Luar

Cohagna, anggaran  Rp 2,1 miliar ieu numutkeun Tata dipulangkeun deui ka masarakat keur kebutuhan mamin téa. "Saurangna dianggarkeun Rp 35.000 sanggeus dipotong pajak," pokna.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x