“Kateuing, ngan duanana bisa nyusul.”
“Tumpak si belang, meureun,” ceuk Gingin bari seuri. “Aeh, tadi teu papaliwat jeung perjurit Cirebon? Nu tumpak kuda tiluan, nu leumpang opatan.”
“Henteu. Kumaha kitu?”
“Piraku?”
“Tanyakeun wae ka Aki Jaya,” ceuk Asmita rada tarik, tepi ka kadengeeun ku Aki Jaya.
Gingin ngareret Aki Jaya.
“Teu panggih jeung sasaha,” ceuk Aki Jaya bari seuri. “Kumaha dongengna?”
Derekdek ku Gingin dicaritakeun ngeunaan opat urang nu milu siduru sarta ti kulon jebul nu numpak kuda tiluan. Laju tujuhanana mariang ka kulon, neruskeun lalampahanana. Ku Gingin oge dicaritakeun ku prajurit teh aya nu diteangan, ngan teu kapanggih.
Pamanggul prajurit marentah sangkan neanganana ulah dituluykeun. Ku Gingin teu dibejakeun pamanggul prajurit apaleun ka Aki Jaya mah. Kana soal eta mah Gingin hayangeun ngobrol paduduan jeung Aki Jaya.
Ngadenge carita Gingin, Aki Jaya, Asmita, jeung Atus ngahuleng. Suba nu siga hare-hare mah. Jongjong ngalung-ngalungkeun pangpung kana durukan.