Mieling Hari Lingkungan, Nyisir Runtah, Pameran jeung Nukeurkeun Runtah

- 6 Juni 2023, 11:45 WIB
Patugas keur nimbang runtah, di Pandapa Paramartha, sabudeureun Komplek Stadion Mashud Saputra.
Patugas keur nimbang runtah, di Pandapa Paramartha, sabudeureun Komplek Stadion Mashud Saputra. /Ajun Mahrudin/

Diantarana runtah palastik urut wadah inuman cai kemasan botol jeung gelas. Sedengkeun jenis keretas nyaeta karton jeung kertas urut.

Kepala Dinas Lingkungan Hidup (DLH) Kabupaten Kuningan, Wawan Setiawan, nyebutkeun runtah jeung logam mulia katut barang-barang kabutuh poko atawa kabutuh rumah tangga eta pikeun ngahudang kasadaran masarakat sangkan henteu miceun runtah sagawayah.
Wawan nyebutkeun, DLH Kabupaten Kuningan, ngayakeun acara penukaran sampah plastik, pameran inovasi pengelolaan sampah jeung sisir sampah utamana mah pieun ngarojong masarakat paduli runtah.


Inyana ngaharepkeun, warga wijak dina ngokolakeun runtah jeung milah runtah di imah, pikeun dimangfaakeun ditukeurkeun jeung barang kabutuh rumah tangga atawa dijual, henteu dipiceun sambarang tempat.


“Ieu teh tarekah kanggo ngarojong masarakat leukeun milih sareng ngawilah-wilah runtah di bumina, dina raraga ngirangan runtah sareng ngamangfaatkeun kanggo nambah panghasilan kulawarga,” ceuk Wawan, ka Galura.


Bupati Kuningan, Acep Purnama, kacida ngabageakeun warga anu milu aub dina ngurangan runtah. Samalah ngolah runtah jadi barang anu luhung ajenna, kawas karajinan anu bahanna tina runtah palastik.

“Sim kuring kacida ngabageakeun aubna warga dina ngurangan runtah. Mudah-mudahan naon rupa tarekah anu dilakonan, tiasa ngahudang kasadaran masarakat paduli kana runtah,” ceuk Acep

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah