Camat Kutawaringin: Bolay Pildun U 20, Aya Kénéh 2 Hajat Nasional pikeun Ngaronjatkeun UMKM

- 2 April 2023, 05:30 WIB
Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung Asep Ruswandi*
Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung Asep Ruswandi* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com)/

GALURA - Camat Kutawaringin Kabupaten Bandung Asep Ruswandi ngaku teu pati ngarasa hanjelu teuing ku bolayna Stadion Si Jalak Harupat jadi salasahiji tempat lumangsungna Piala Dunia (Pildun) U 20 taun 2023.

Satadina, ceuk Asep Ruswandi, Pildun U 20 jadi harepan bisa ngaronjatkeun palaku UMKM hususna warga kecamatan Kutawaringin. Ku lantaran bolay, tina hajat ieu teu dipiharep deui palaku UMKM bisa aub.

"Masih aya kènèh dua hajat nasional nu tos dirarancang, nyaéta City Sanitation Summit (CSS) sareng Festival Olahraga Masyarakat (Fornas). Fornas sareng CSS tetep badé diayakeun," ceuk Asep di kantorna, kamari.

Asep miharep kagiatan CSS jeung Fornas bisa aya mangpaatna pikeun para palaku UMKM.

Baca Juga: Piala Dunia U 20 di Kabupaten Bandung, Lolongkrang Pikeun Ngawanohkeun Potensi Daerah

CSS XXI taun 2023 bakal dilaksanakeun ti 21 Mei tepi ka 21 Juni 2023. Kick of-na geus digelar 17 Maret 2023 kaliwat. Ari Fornas ka-VII 2023 mah baris digelar 2-11 Juli 2023.

Pikeun nyumponan kaperluan home stay (tempat nganjrek), jeung kamungkinan kabaudna palaku UMKM-na geus disosialisasikeun ka masarakat.

"Tos aya sababaraha hiji home stay. Masarakat memang tos aya nu ngidinan digunakeun dina Fornas engkè, sanaos teu acan nyumponan sareng jumlah nu dipiharep, sedengkeun kasayagian sarana prasarana di masarakat kawatesanan pisan," ceuk Asep Ruswandi.

Si Jalak Harupat di Kecamatan Kutawaringin minangka venue utama pikeun opening jeung closing kagiatan Fornas, kaasup pikeun pertandingan sababaraha vanor agawa, onogra (induk organisasi olahraga).

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x