Rembug Bedas di Desa Sadu, Bupati Bandung Narima Bangbaluh jeung Pameredih Warga

- 29 Maret 2023, 06:40 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngayakeun Rembug Bedas di Kantor Desa Sadu, Kec. Soreang, Kab. Bandung, Senèn (27/3/23).*
Bupati Bandung Dadang Supriatna ngayakeun Rembug Bedas di Kantor Desa Sadu, Kec. Soreang, Kab. Bandung, Senèn (27/3/23).* /Sopandi/Galura/

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna ngayakeun Rembug Bedas di Kantor Desa Sadu, Kecamatan Soreang, Kabupaten Bandung, Senèn (27/3/23).

Dina Rembug Bedas ieu, Dadang Supriatna narima saniskara bangbaluh warga, di antarana  warga hariwang kana sababaraha titik urug.

Iwal ti èta aspirasi warga mènta ngomèan jalan ruksak jeung aspirasi panambahan jumlah SMPN. Dadang Supriatna ngarèspon kana naon nu jadi aspirasi warga.

Ku ayana kawasan rawan urug di Desa Sadu, Dadang nyebutkeun, dirina ngintruksikeun Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung, pikeun nitènan lokasi lahan nu rawan urug.

"Ulah dugi ka ngantos kajadian urug, langkung saè langsung dititénan ayeuna," ceuk Dadang.

Baca Juga: Rembug Bedas Méakeun Anggaran Rp 2,1 Miliar

Kana bangbaluh jalan ruksak di Sadu, Dadang langsung ngintruksikeun Kepala Dinas PUTR Kabupaten Bandung pikeun ngacèk jeung nganggarkeun perbaikan.

Dadang ogè ngiberan yèn Jalan Raya Soreang-Ciwidey tepi ka Rancabali Kabupaten Bandung tèh  jalan nasional. "Taun ieu  aya rencana dilegaan ti Soreang tepi ka Rancabali," pokna.

Sedengkeun kana bangbaluh warga nu meredih aya SMPN anyar di Desa Sadu, Dadang Supriatna nyebutkeun, Pemkab Bandung geus mogramkeun tambahan SMPN di Desa Cingcin Desa Soreang, Kecamatan satempat. Ngan, ceuk Bupati, lamun di Desa Sadu hayang aya tambahan SMPN, Bupati umajak warga musawarah pikeun mikiranana.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x