Ceramah di Masjid Al Imtizaj Bandung Ustadz H. Aang: Puasa dina Bulan Ramadhan kudu Make Elmu

- 28 Maret 2023, 21:19 WIB
Ustadz H Aang ceramah di Masjid Al Imtizaj, Bandung. Puasa dina bulan Ramadhan kudu make elmu.
Ustadz H Aang ceramah di Masjid Al Imtizaj, Bandung. Puasa dina bulan Ramadhan kudu make elmu. /Nanang S/Galura


GALURA -"Aya dua kabagjaan keur umat Islam dina ngalakonan ibadah puasa dina bulan Ramadhan. Kahiji, kabagjaan waktu puasa, kadua kabagjaan waktu paamprok jonghok jeung Alloh SWT," ceuk Ustadz H Aang, waktu ceramah di Masjid Al Imtizaj, Banceuy Bandung, samemeh solat taraweh, Salasa (28/03/2023).

Ka jamaah Masjid Al Imtizaj, Ustadz H Aang nyebutkeun pikeun ngahontal kabagjaan dina waktu buka puasa bulan Ramadhan jeung kabagjaan amprok jeung Alloh SWT, urang dina puasa kudu boga elmuna. "Puasa ulah ngan saukur meunang hanaang jeung lapar," pokna.

Naon elmuna? "Puasa bulan Ramadhan kudu nyonto Kangjeng Rasululloh," tembal Ustadz H Dadang bari nengetan jamaah Masjid Al Imtizaj nu nungtutan daratang. Nyonto Rasululloh, ceuk Ustadz H Aang, urang puasa bakal bener-bener meunang dua kabagjaan, di alam dunya jeung di alam jaga engke.

Baca Juga: Bulan Ramadhan Jajaran Polses Banjaran Ngabagikeun Tajil, Leuwih Ngaraketkeun Silaturahmi

"Dimimitian ku niat puasa sarta nu diudagna rido Alloh SWT. Dina saur urang kudu ngaahirkeun, upamana satengah jam samemeh imsak atawa samemeh solat subuh," ceuk Ustadz H. Aang.

Saur ulah awal teuing, upamana jam 2 jam tilu janari, ngarah teu lila ngadagoan solat subuh. Mun sasarean heula bisi kapulesan engke solat subuh telat.

Salila puasa, ceuk Ustadz H Aang kudu muasakeun batin tina hal-hal nu matak mawa kasakit hate jeung kasakit pikiran. Pancaindra, anggota badan, biwir letah, oge kudu dipuasakeun tina hal-hal nu teu hade nu matak nyambalkeun puasa.

Dina buka puasa kudu tartib. Ngabatalan cukup ku nginum atawa ngadahar nu amis-amis. Geus ngabatalan puasa, terus solat magrib. "Tah, rengse solat magrib karek dahar," ceuk Ustadz H. Aang.

Baca Juga: Antisipasi Tawuran Pelajar jeung Perang Sarung, Kapolres Majalengka, Umajak Kepala Sekolah Ngaroris Siswa

Mun tea mah rek buka bersama, di rumah makan, jeung di tempat sejenna, oge kudu ngabatalan heula terus solat magrib. "Ulah ieu mah dahar heula, solat magrib dipandeurikeun, dina waktu deukeut ka solat isya," ceuk Ustadz Dadang.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x