GALURA - Kapolsek Banjaran Polres Majalengka, IPTU Aas Guntara dibarengan ku Kanit Sabhara Polsek Banjaran katut anggota Bhabinkamtibmas Polsek Banjaran dina bulan Ramadhan jeung keur leuwih ngaraketkeun silaturahmi ngabagikeun tajil ka masarakat, Ahad (26/03/2023) sore.
Kagiatan Kapolsek Banjaran ngabagikeun tajil dina bulan Ramadhan nu dilaksanakeun ku Polsek Banjaran teh bukti merhatikeunana jajaran Polres Majalengka ka masarakat. Lian ti eta keur ningkatkeun silaturahmi jeung masarakat.
Kapolsek Banjaran masrahkeun bantuan tajil ka masarakat dina raraga bulan suci Ramadhan jeung silaturahmi tempatna di pakarangan Masjid Nuurul Falaah Desa Banjaran Kecamatan Banjaran.
Kapolres Majalengka, AKBP Edwin Affandi ditepikeun Kapolsek Banjaran, IPTU Aas Guntara nyebutkeun tujuan babagi tajil dipiharep bisa ngaronjatkeun hubungan silaturahmi antara kapulisian jeung masarakat.
"Babagi tajil garatis oge buktos merhatikeunana Polri ka umat muslim nu ngalaksanakeun ibadah saum di sasih Ramadhan. Pamugi ku kagiatan babagi tajil barokah,” ceuk Kapolsek Banjaran.*** Ayank R Sambara