Tb Hasanuddin Masrahkeun Bantuan Sound System ka Sasama Korwil Leuwimunding Kabupaten Majalengka

- 24 Maret 2023, 16:12 WIB
Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan sound system ka Seniman Satatar Majalengka (Sasama) korwil Kecamatan Leuwimunding.
Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan sound system ka Seniman Satatar Majalengka (Sasama) korwil Kecamatan Leuwimunding. /Ayank R Sambara/Galura

Baca Juga: Tb Hasanuddin Nganjang ka Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur Cabang Kabupaten Majalengka

Kacintaan Tb Hasanuddin nu oge jago nepak kendang kana budaya Sunda tumuwuh ti budak. Tepi ka ayeuna konsisten motekarkeun budaya ti lemah cai banjar karang pamidanganana. Kitu deui waktu dines keneh dina militer.

Waktu masih pangkat Letnan Kolonel, Tb Hasanuddin ngokolakeun Yayasan Miss Tjitjih. Tb Hasanuddin oge aub motekarkeun seni budaya Sunda liana di antarana penca.

Tb Hasanuddin jadi Ketua Dewan Penasehat Persatuan Pencak Silat Gagak Lumayung. ‘Getih’ jawara ti bapana masih kentel di diri Tb Hasanuddin.

Tb Hasanuddin oge jadi Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan jeung Lingkung Seni Gentra Ewangga. Lian ti eta ngokolakeun widang seni budaya di Yayasan Pembangunan Jabar.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x