Bhabinkamtibmas jeung Babinsa ka Parasiswa Nyontoan Pentingna Ngajaga Kabersihan

- 23 Maret 2023, 04:30 WIB
Bhabinkamtibmas Polsek Banjaran bareng jeung Babinsa nganjang ka SD Panyindangan,Banjaran, Kabupaten Majalengka.
Bhabinkamtibmas Polsek Banjaran bareng jeung Babinsa nganjang ka SD Panyindangan,Banjaran, Kabupaten Majalengka. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Anggota Bhabinkamtibmas Polsek Banjaran Polres Majalengka, Bripda Alfredo Kennedy Yunior bareng jeung Babinsa Sertu Suparmin nganjang ka SD Panyindangan 1 di Desa Panyindangan Kacamatan Banjaran, Kabupaten Majalengka, sababraha waktu katukang.

Bhabinkamtibmas jeung Babinsa nganjang ka SD Panyindangan teh dina raraga umajak ka para siswa pikeun ngajaga kabersihan lingkungan: ngajaga kabersihan sakola. Ngajaga kabersihan lingkungan kudu dibiasakeun pikeun kasehatan lingkungan.

Di SD Panyindangan, Bhabinkamtibmas jeung Babinsa nyebutkeun ngabersihan lingkungan di antarana miceun runtah teu dapon, milah-milah runtah, meresihan kamalir jeung sajabana. Ku eta tarekah, ceuk Bripda Alfredo Kennedy Yunior, lingkungan bakal beresih, resiko kasakit nu bahaya bakal ngurang.

Baca Juga: Bhabinkamtibmas Polsek Maja Nganjang ka Ojeg Kamtibmas di Desa Maja Selatan

"Pa Babin katit Pa Babinsa masihan conto di lingkungan sakola kangge numuwuhkeun perilaku hirup beresih di sakola eta," ceuk Bripda Alfredo Kennedy Yunior.

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi ditepikeun ku Kapolsek Banjaran, IPTU Aas Guntara, nyebutkeun barudak dipiharep bisa ngarti ngajaga kabersihan di lingkungan teh kawajiban urang sarerea.

"Tangtosna wae kedah sasarengan sareng teras-terasan, teu saukur kangge kapentingan nyangking prestasi sakola wae," ceuk Kapolsek Banjaran.

Gotong royong salasahiji cara ngajaga kabersihan lingkungan. “Sanes mung kangge ngabantos ngaberesihan lingkungan, gotong royong oge tiasa ngaraketkeun kukuluwargaan," ceuk Kapolsek Banjaran, IPTU Aas Guntara. ***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x