Bhabinkamtibmas Polsek Maja Nganjang ka Ojeg Kamtibmas di Desa Maja Selatan

- 23 Maret 2023, 04:08 WIB
Bhabinkamtibmas Polsek Maja Polres Majalengka, Bripka Ando nganjang ka Pangkalan Ojeg Kamtibmas di Desa Maja Selatan, Kacamatan Maja Kabupaten Majalengka, Rebo (22/03/2023).
Bhabinkamtibmas Polsek Maja Polres Majalengka, Bripka Ando nganjang ka Pangkalan Ojeg Kamtibmas di Desa Maja Selatan, Kacamatan Maja Kabupaten Majalengka, Rebo (22/03/2023). /Ayank Sambara/Galura

GALURA -Aktip ngajaga silaturahmi jeung komunikasi nu hade jeung warga, kaasup jeung tukang ojeg, Bhabinkamtibmas Polsek Maja Polres Majalengka, Bripka Ando nganjang ka Pangkalan Ojeg Kamtibmas di Desa Maja Selatan, Kacamatan Maja Kabupaten Majalengka, Rebo (22/03/2023).

Nganjang ka Pangkalan Ojeg Kamtibmas nu dilaksanakeun ku Bhabinkamtibmas Polsek Maja Polres Majalengka mibanda tujuan ngaronjatkeun silaturahmi katut kaamanan sarta nepikeun Himbauan Kamtibmas jeung antisipasi C3 (curat,curas dan curanmor) di desa binaanna.

Salian silaturahmi jeung sakumna warga, Bhabinkamtibmas di Polres Majalengka umanjang ka Pangkalan Ojeg Kamtibmas sakaligus umajak ka warga sangkan tetep waspada kana kajahatan sarta kudu tetep ngajaga kaamanan tur katartiban pukeun nyegah ayana C3 katut bencana alam.

Baca Juga: Sat Reskrim Polres Majalengka Ngamankeun Beas Bulog di Pabrik Penggilingan Beas CV MPR

Bhabinkamtibmas kudu aya di tengah-tengah warga binaanna, sangkan komunikasi jeung warga hade. Dina hal ieu informasi nu kajadian bisa kadeteksi sagancangna sarta sagancangna ditangtukeun lengkah pikeun ngarengsekeunna.

Kapolres Majalengka AKBP, Edwin Affandi ditepikeun Kapolsek Maja, IPTU Kenedy Joko Lelono cumeluk ka sakumna warga sangkan tetep waspada ngajaga kaamanan tur katartiban, ngantisipasi hal-hal nu teu dipiharep.

Ceuk Kapolsek, beungkeutan silaturahmi nu hade katut warga binaan oge bakal ngajantenkeun situasi aman tur tingtrim ngalancarkeun tugas Bhabinkamtibmas di desa binaanna," ceuk Kapolsek.

“Bhabinkamtibnas salawasna nitenan langkung caket situasi di titik-titik rawan sarta tempat nu rame. Ieu kagiatan ieu rutin dilaksanakeun kangge nyiptakeun situasi aman," ceuk Kapolsek Maja.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x