Waktu Panén Raya, Dandim 0624 Kabupaten Bandung Nitènan Bédana Parè nu Digemuk Bios 44 DC

- 22 Maret 2023, 05:50 WIB
Komandan Kodim (Dandim) 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf. Hamzah Budi Susanto.*
Komandan Kodim (Dandim) 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf. Hamzah Budi Susanto.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com)/

GALURA - Marengan Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Kunto Arief Wibowo, Komandan Kodim (Dandim) 0624/Kabupaten Bandung Letkol Inf Hamzah Budi Susanto aub dina panén raya di lahan milik H. Sobur, Ketua Kelompok Tani (Poktan) Mekarwangi, Desa Panenjoan Kecamatan Cicalengka, Kabupaten Bandung, Senèn 20 Maret 2023.

Poktan Mekarwangi tèh salasahiji Poktan binaan Koramil 2402/Cicalengka Kodim 0624/Kabupaten Bandung. Poktan ieu nyèsakeun sahektar sawah nu digemuk cair organik Bios 44 DC, teu ditambahan gemuk sèjènna.

Nurutkeun Letkol Inf. Hamzah Budi Susanto, ku digemuk cair organik Bios 44 DC hasil panenna kacida alus.

Baca Juga: Make Gemuk Organik, Panen di Sawah Poktan Mekarwangi Kabupaten Bandung Mucekil, Naha Make Kudu Impor Beas?

"Biasana, hasil panèn H. Sobur tina lahan sahektar tèh ukur 4-5 ton, ku ngagunakeun Bios 44-DC undak jadi 6-7 ton langkung. Hartosna gemuk Bios 44 DC pantes digunakeun," ceuk Dandim.

Dijelaskeun deui, bédana nu jomplang bisa katitèn antara parè nu ngagunakeun Bios 44 DC jeung nu henteu. Bibit parè nu sarua tur cara miarana sarua.

"Nitènan nu badè dipanén dinten ieu, katingal pisan bentenna. Nu nganggo Bios 44 DC umur 3,5 bulan tos siap dipanén, sedengkeun lahan nu teu ngagunakeun Bios 44 DC  masih kènèh katawis hèjo, tur deuih parèna teu acan asak, ogè teu patos beuneur, teu sapertos nu nganggo gemuk Bios 44 DC,” ceuk Dandim 0624/Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Baca Juga: Kodim 0609 Cimahi Panen Raya Jagong, Nguatkeun Katahanan Pangan

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x