Make Gemuk Organik, Panen di Sawah Poktan Mekarwangi Kabupaten Bandung Mucekil, Naha Make Kudu Impor Beas?

- 21 Maret 2023, 11:22 WIB
Poktan  Mekarwangi)  Desa Panenjoan, Kecamatan  Cicalengka Kabupaten Bandung, Senén 20 Maret 2023, panen. Make gemuk organik hasilna mucekil. Asana pamarentah teu kudu impor beas.
Poktan Mekarwangi) Desa Panenjoan, Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung, Senén 20 Maret 2023, panen. Make gemuk organik hasilna mucekil. Asana pamarentah teu kudu impor beas. /Sopandi/Galura

GALURA-Kelompok Tani Mekarwangi (Poktan Mekarwangi) Desa Panenjoan, Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung, Senén 20 Maret 2023, panen. Tina sawah  56 hektar, sahektar make gemuk organik  sarta hasilna nyugemakeun pisan. Pamarentan asana teu kudu impor beas.

Poktan Mekarwangi dipupuhuan ku H. Sobur, anggotana aya kana 48 urang, dibina ku Koramil 2402 Cicalengka Kodim 0624 Kabupaten Bandung. Gemukna make gemuk organik sarta tina sahektar beubeunangana mucekil. Mun kabeh tatanen make gemuk organik kawasna pamarentah teu kudu impor beas.

Pupuhu Poktan Mekarwangi nyebutkeun make gemuk kimia tina sahektar ngahasilkeun pare garing 5 ton tepi ka 6 ton. Ku make gemuk organik, dina panen harita, tina sahetar ngahasileun pare ngahontal 7 ton. Mun kabeh patani make gemuk organik pamarentah moal kudu ngimpor beas.

Baca Juga: City Sanitation Summit Kalang Panglawungan, Taun Ieu Kabupaten Bandung Jadi Pribumi

Tina kituna  Kepala Dinas Pertanian (Kadistan) Kabupaten Bandung, Ningning Hendasah bakal ngajurung para penyuluh pertanian lapangan (PPL) guyub umajak ka para patani sangkan ngagunakeun gemuk organik lantaran beubeunanganana ngagumbirakeun pisan. Kualitas parena hade jeung kandungan giji beasna leuwih luhur.

Ningning teu ham-ham ngarojong para patani sangkan ngarobah kabiasaan ngagunakeun gemuk kimia diganti ku gemuk organik.

"Insyaalloh upami ieu langkung saè, naon lepatna dicobi. Ku ngabandungan panen (di sawah nu digarap Poktan Mekarwangi) simkuring yakin gemuk organik langkung sae batan gemuk kimia, " ceuk Nining.*** Sopandi

 

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x