City Sanitation Summit Kalang Panglawungan, Taun Ieu Kabupaten Bandung Jadi Pribumi

- 18 Maret 2023, 09:17 WIB
/Dok. Diskominfo Kabupaten Bandung./

GALURA -  Luyu kaputusan ti pangurus pusat Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi (Akkopsi) Kabupaten Bandung ditetepkeun jadi pribumi kagiatan City Sanitation Summit (CSS) XXI taun 2023 nu baris  dilaksanakeun ti 21 Mei tepi ka 21 Juni 2023.

Mitembeyan bubukana ieu kagiatan digelar mimiti ti Rumah Dinas Bupati (Rumdin) Bandung, ngabagèakeun  para tatamu ti Sekrétariat Nasional Akkopsi, para kepala daerah sa-Indonesia nu dina beungkeutan  Akkopsi, Forkopimda Jawa Barat jeung Forkompimda Kabupaten Bandung, tur  sakum OPD Pemkab Bandung, Jum'ah (17/3/2023).

Ti Rumdin Bupati ngèsèr ka Lapang Upakarti, ngalaksanakeun kagiatan bubuka, di antarana biantara Bupati Bandung Dadang Supriatna.

Kagitan dituluykeun ka Gedung Budaya Soréang (GBS), Taman Kaulinan, jeung Dome Bale Rame, melak tangkal jeung  binih lauk, ikan, ditutup konferensi pers.

Baca Juga: Tatahar Jadi Pribumi Fornas VII, Pemkab Bandung Ngadata Akomodasi jeung UMKM

Kabupaten Bandung, ceuk Dadang Supriatna, pengkuh dina raraga sagancangna sanitasi pamukiman, nu geus ngahiji dina Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi (Akkopsi), liwat ngagelar City Sanitation Summit XXI

Bupati miharep palaksanan CSS XXI ieu bisa dirasakeun mangpatna teu ukur ku Kabupaten Bandung, tapi ku sabudeureun Bandung Raya katut Jawa Barat.

"Sim kuring miharep ayana kagiatan CSS XXI ieu tiasa jadi tali panyambung silaturahmi antawis pamarèntah pusat, Provinsi Jawa Barat, kapangurusan Akkopsi, pamarèntah daérah, kalangan pangusaha, akademisi, komunitas, sareng media, dina tarèkah urang ngawujudkeun saénggalna sanitasi nu manjing tur sehat, Bandung bedas,” ceuk Dadang Supriatna.

CSS tèh, cenah, kalang panglawungan pikeun tukeur luang, pangaweruh dina kagiatan sanitasi. Satuluyna ngawangun kamitraan jeung ngarojong tarèkah advokasi, promosi katut kampanye keur pangwangunan sanitasi sangkan Indonesia maju dina taun 2045.*** Sopandi

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x