Bupati Bandung Ngaresmikeun RSUD Bedas Cimaung

- 14 Maret 2023, 21:45 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna, ngaresmikeun RS Bedas Cimaung, Salasa, (14/3/2023).*
Bupati Bandung Dadang Supriatna, ngaresmikeun RS Bedas Cimaung, Salasa, (14/3/2023).* /Diskominfo Kab Bandung/

GALURA- Bupati Bandung Dadang Supriatna, ngaresmikeun Rumah Sakit Umum Daerah (RSUD) Bedas Cimaung Kabupaten Bandung, Salasa (14/3/23) sore. 

Ceuk Dadang,   RSUD Bedas Cimaung kakara rengse dibangun 2022 katompernakeun.

Kakara diresmikeun ayeuna, sabada sagala rupana nyumponan, kaasup kalengkepan alat kesehatan (alkes).

Baca Juga: UMKM Kampung Boneka Desa Sayati Jadi Andelan Fornas VII di Kabupaten Bandung

Ceuk Dadang, sanggeus ngaresmikeun  RSUD Bedas Cimaung, satuluyna baris ngaresmikeun RSUD Bedas Kertasari, 28 Maret hareup.I

Inyana   miharep  RSUD Bedas Cimaung bisa karasa  mangfaatna ku masarakat Cimaung jeung Pangalengan.

"Pangladèn  kesehatan tèh hak warga masarakat,   pamarèntah miboga kawajiban ngayakeun rumah sakit," ceuk Bupati.

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x