Bupati Meredih, Pangurus KONI Kabupaten Bandung nu Geus Dilantik, Nohonan Jangji Asup 3 Besar Porprov 2026

- 12 Maret 2023, 07:38 WIB
Ketua jeung pangurus KONI Kabupaten Bandung Masa Bakti 2023-2017 dilantik.*
Ketua jeung pangurus KONI Kabupaten Bandung Masa Bakti 2023-2017 dilantik.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com)

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna miharep Ketua KONI Kabupaten Bandung Yana Suryana jeung réngréngan pangurusna kudu bisa nohonan jangjina, engkè dina Pekan Olahraga Provinsi (Porprov) Jawa Barat 2026 di Bogor, bisa asup 3 besar atawa meunang 100 medali emas.

Éta ditepikeun ku Dadang Supriatna basa ngaluuhan pelantikan Ketua Umum jeung Pangurus KONI Kabupaten Bandung periode 2023-2027 di Gedung Mohamad Toha Soreang, Saptu (11/3/2023).

"Luyu sareng jangji waktos harita kapilih sacara aklamasi, léngkah KONI nu kahiji ngabentuk kapangurusan. Saparantosna dilantik, museur kana damel kanggo ngudag targèt engké dina Porprov ngahontal tilu besar," ceuk Bupati Bandung Dadang Supriatna.

Baca Juga: Jadi Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana Nargétkeun Asup 3 Besar di Porprov Jabar 2026

Pikeun targèt tilu besar, ceuk Dadang Supriatna, teu babari, perlu pangrojong sakumna pihak jeung dukungan anggaran. Palebah dieu Bupati Bandung kacida ngarojong.

Satutas sacara aklamasi dina Musyawarah Olahraga Kabupaten (Musorkab) KONI Kabupaten Bandung  tanggal 24 Januari 2023 tiheula, Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung Yana Suryana katut rèngrèngan pangurus masa bakti 2023-2027 dilantik jeung ditetepkeun ku Ketua Umum KONI Jawa Barat Muhammad Budiana, Saptu (11/3/2023).

Satutas dilantik, Yana Suryana nganuhunkeun ka Bupati Bandung nu geus ngarojong kana sagala rupama. Kitu deui ka Katua KONI Jawa Barat Muhammad Budiana. Yana rék usaha satekah polah nyumponan targét di Pekan Olahraga Provinsi (Porprov) Jawa Barat 2026 engkè di Bogor, sangkan kontingen Kabupaten Bandung asup 3 besar atawa meunang 100 medali emas.

Sedengkeun pancèn sèjènna, nyaèta ngaguar potènsi katut ngabina potensi atlet di 31 kecamatan. "Seueur potensi atlet keur binaeun, sarta potensina perlu teras dibina tur dikembangkeun,"pokna.*** Sopandi

Baca Juga: Ketua manten, Herda M Gani: Dina Kapangpinan Yana Suryana KONI Kabupaten Bandung Kudu Tetep Guyub

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x