Ketua KORMI Emma Dety; Kasiagaan Kabupaten Bandung Jadi Pribumi Fornas Kudu Maksimal

- 9 Maret 2023, 07:41 WIB
Ketua KORMI Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna (tengah).*
Ketua KORMI Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna (tengah).* /SOPANDI/

GALURA - Ketua KORMI Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna miharep, minangka pribumi (tuan rumah) Festival Olahraga Rekreasi Nasional (Fornas) VII nu bakal lumangsung 2 - 11 Juli 2023, Kabupaten Bandung kudu enya-enya  siap.

"Tangtuna kasiapan kudu asak. Boh kasiapsiagaan para atlet boh pagiatna. Sajaba kasiapan home stay, ogè tempat-tempat nu bakal dituduhkeun minangka tempati pertandinganana,” ceuk Emma Dety basa ngahadiran bimbingan teknis (bimtek) pembinaan dan pengembangan organisasi keolahragaan Komite Olahraga Rekreasi Masarakat Indonesia (KORMI) Kabupaten Bandung di Hotel Sutan Raja Soreang, Kab. Bandung (Kemis, 7/3/23).

Ku kituna, Emma miharep kasiapan Kabupaten Bandung kudu samaksimalna. "Urang kedah terus kalakukeun sosialisasi ka sakumna induk organisasi olahraga (inorga), supados paham," pokna.

Dina hajat Fornas, numutkeun Emma Dety, pihakna bakal ngirimkeun atlet-atlet mandiri. Kalawan miharep bisa  ngahudangkeun sumanget para atlet di Kabupaten Bandung.***

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x